Skip to Content

Surat keur ka lembur

Foto Rachmat Sudjana

Surat keur ka lembur.

 

Bunda nu dipicinta, lamun surat ieu kabaca ku bunda, hartina ayah keur  lalampahan dina kareta ti lembur ngajugjug ka kota. Bieu bunda nganteurkeun ayah ka stasion anu biasana, ngabonceng ayah dina motor. Motor anu jadi sarana indit inditan urang salila aya dilembur, boh keur kaperluan anu maneuh atawa saukur jalan jalan, atawa nganjang silaturahim ka wargi. Motor anu dilengkepan ku panyarandean  leutik dina jok tukangna ambeh ayah teu nyorosod ka tukang lamun keur dibonceng.

 

Alhamdulillah Allah tos ngatur kana jadwal ayah mulang ka lembur jeung sabaraha lila ayah dikota.  Ieu teh ceuk pamikiran ayah mah, katangtuan Allah anu panghadena keur urang duaan. Salilana urang bisa silih pikasono, aya arep arepeun hiji tanggal iraha ayah mulang. Sakumaha biasana ayah tilu minggu di kota jeung dua minggu dilembur. Salila tilu minggu urang pajauh, tapi komunikasi WA mah jalan terus; jadi masing-masing bisa silih talingakeun silih pika melang. Bisa kanyahoan cageur atawa geringna, ku ayana tali komunikasi anu angger nganteng.

 

Pangaturan jadwal anu tilu minggu keur ayah di kota, sigana pas pisan da loba keneh uruseun, utamana mah unggal week-end sok aya anak jeung incu daratang, gantian. Anu dua minggu di lembur sigana cukup, pan urang mah ngatur waktu babarengan anu efektif. Masih sempet silaturahim ka dulur dulur jeung sobat heubeul ayah anu aya di lembur.

Asana geus biasa keur ayah mah, keur jaman ngora keneh, boga jadwal gawe teh dua minggu di Jakarta jeung dua minggu di Balikpapan; ayeuna geuning jadwal teh kabawa ka waktuna ayah geus kolot.

 

Inget munggaran papanggih jeung bunda, ayah diajak ngabaso asana mah di Cikawao, dipapagkeun ku bunda kana motor, da kana mobil mah macet harita teh. Ayah can biasa make helm, ku bunda di pangmasangkeun, oge dina waktuna ngalaan ayah teh teu bisa, atuh di panglaankeun deui. Babaturan anu ningali ngan imut ngagelenyu, tapi simpati pisan kana tingkah polah bunda, anu pinuh ku perhatian ka ayah.

 

Basa silaturahim ka Karawang, sarengsena urang nikah, ku ki lanceuk ditanya:”Biasana sok di supiran ku barudak, ari ieu nyetir sorangan?”.  “Henteu, pan ieu aya supir enggal” ceuk ayah bari nunjuk ka bunda. “Ari ayah teh bade milari istri atanapi supir?”, ceuk bunda mairan.

 

Kiwari umur  rumah tangga urang geus asup taun ka genep, alias genep taun jalan. Rea pisan pangalaman dina sakitu taun lilana teh, anu amis, anu pait, anu peuheur. Rea tantangana oge, kurang-kurang na mah dina taun kahiji geus ampir bubaran.  Tapi Allah ngawidian ka urang kudu terus babarengan, nepi salah sahiji geus nepi kana pati, insyaaAllah urang masih tetep sareundeuk saigel sabobot sapihanean. Kitu deui mangsana di Akherat jaga, kahayang mah tetep kumpul di Syurgana Allah.  Aamiin yaa Allah yaa Robbal’alaamiin.

 

Salila urang paanggang, tapi tetep ari hatena mah henteu pajauh; dina mangsana aya tugas kaluar kota; mun ayah keur di kota, urang papanggih di Bandara; mun ayah keur dilembur, bareng ka kota terus ka Bandara. Eta mun aya tugas kaluar pulo, tapi mun di Jawa keneh mah cukup kana Kareta teu kudu ka Bandara. Kitu urang nyaba babarengan katempat anu tacan kungsi kasorang ku bunda.

 

Dina mangsana can aya tugas kamana-mana, urang mah sabar ngadagoan, bari ayah jongjon diajar nulisan tulisan ilmiah, anu ayeuna kakara cacarakan ku tulisan umum heula samemeh ngajurus kana masalah tehnik jeung ilmiah. Atuh bunda anteng migawe kasibukan rutina, ngajalankeun warung pikeun ngeusian waktu jeung aya ladangna pastina.

 

Alhamdulillah barudak anu duaan geus tamat sakolana malah geus langsung carekel gawe; si cikal mah di Jakarta, ari si bungsu mah angger di lembur bari maturan bundana. Hasil usaha bunda, ngadidik jeung ngagedekeun dua budak yatim, tegesna indung tunggal; kiwari geus aya hasilna. Bunda tinggal mikirkeun keur kaperluan diri sorangan da barudak mah pan, leuleutikan oge geus pada marapan.

 

Atuh ayah oge angger ikhtiar ngalaksanakeun kawajiban kudu neangan nafkah, boh gedena boh leutikna, insyaaAllah tetep aya hasilna.  Ayeuna keur ngeureuyeuh digawe anu henteu kudu kaluar ti imah, nyaeta “online” tea.

 

Moda transportasi antara lembur jeung kota ayeuna mah geus loba piliheun; hayang gancang atawa hayang murah atawa biasa wae anu saperti ilaharna. Hayang gancang bisa kana Whoosh, leuwih lila dijalana bisa milih travel, bisa travel jemput-antar door-to-door. Atawa travel antar kantor perwakilana. Hayang leuwih murah bisa kana Kareta; aya Parhyangan, aya Papandayan anu di Jakarta na ka Gambir. Atawa Kareta pang murahna, Cikuray, anu di Jakarta ka Pasar Senen. Keur anu geus umurna nincak 60 taun naek Kareta bisa meunang potongan harga, 20% pikeun lansia. Atawa anu sineger tengah boh harga boh waktu lalampahan, nyaeta bisa milih bus.

 

Sakieu heula nya surat ti ayah, engke disambung deui kahareupna. Mudah-mudahan urang sarera sing salawasna aya dina pangaping jeung pangjaring Allah SWT. Aamiin yaa Allah.

 

Cinunuk, Wanci Dhuha, 6 Mei,2024.

 

Rachmat Sudjana.

 

Komentar

Foto Rachmat Sudjana

proof read okey

proof read okey

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler