Skip to Content

Indung Tunggal

Foto Rachmat Sudjana

Indung Tunggal

 

Teu aya jalma anu miharep atawa ngabogaan cita-cita jadi kolot tunggal atawa indung tunggal. Tugas indung jeung bapa teh dipigawe ku sorangan, ku awewe, cenah anu sawatara jalma mah nganggap awewe teh hengker teu tahan uji.  Tapi teu kitu geuning bukti na mah. Loba anu hasil ngadidik anak nepi ka jucungna, jaradi jalma anu maraju, bari teu aya bantuan ti nu jadi bapa.

 

Umumna anu jadi indung tunggal teh lantaran ditinggalkeun maot ku salakina. Rumah tangga anu tadina sakinah, mawadah warahmah teh ngadadak jadi sangsara lantaran salaki anu tadina jadi tulang tonggong rumah tangga ayeuna euweuh dikieuna.

 

Aya oge anu lantaran salaki kabengbat ku awewe sejen, geuning ayeuna mah aya istilah pelakor tea, “perebut suami orang”. Loba anu jadi korbana. Sarua papada awewe; anu jahatna awewe, anu jadi korbana oge awewe; barudakna wae anu katalangsara, lantaran kalakuan bapana.

 

Nilik kana kaayaan, loba anu timbul wawanen jeung tekadna kaum hawa lantaran kapaksa. Nempo barudak keur meujeuhna bilatung dulang, anu dipiharep ngan hiji, nyaeta indung anu ngandung jeung indung anu ngayuga gaganti bapa anu teu aya.

 

Sok ka sing saha anu ngalaman kajadian eta, yu hudang, tanjerkeun sumanget, tingali anu geus harasil jadi indung tunggal, teu aya basa pamohalan mungguhing Allah mah. Urang henteu sorangan, disakuriling urang pasti aya nu ngabantuan, duka saha saha na mah; Allah pasti moal ngantep jeung angger ngarezekian ka barudak urang anu yatim atawa anu ditinggalkeun jeung teu dipirosea ku bapana.

 

Sabage indung tunggal, tangtu loba tangtangan jeung godaan, tapi kudu tetep sumanget mulasara barudak yatim anu diamanahkeun ka urang; bari yakin pasti kana bisa hasilna; sagala upaya anu halal jalankeun; pan Allah pasti ngarezekian ka urang jeung barudak sakabehna.

 

Lamun urang ngalaman kayaan kudu jadi indung tunggal. Nu kahiji nu kudu diutamakeun teh, nampi kana qadar papasten ti Gusti Allah, tangtu ieu aya hikmahna, kudu boga sakwa sangka positif. Bari angger ngajaga kayakinan jeung kasehatan ulah nepi ka ngalaman depresi. Inget ka barudak anu diamanahkeun ka urang, timbulkeun sumanget jeung kayakinan yen urang pasti bisa ngajalankeun ieu amanah kalayan dipirido ku Allah.

 

Kadua ulah nyalahkeun ka diri sorangan, komo nyalahkeun kana papasten atawa nyalahkeun nasib mah. Kudu yakin yen ieu teh pilihan Allah nu pangalusna pikeun urang jeung barudak.

 

Katilu pastikeun kamampuan diri, yen urang pasti bisa; urang teh pan boga elmu jeung akal, pake tah kabehana; diluar diditu loba anu ngalaman nasib siga urang tapi hasil mawa barudakna jaradi jalma anu sukses, maraju dina hirupna.

 

Kaopat yakin yen dilingkungan urang teh masih keneh loba jalma sholeh jeung sholehah anu siap ngabantuan dimana diperlukeun. Cirikeun saha saha wae jalmana dilingkungan urang, boh dulur boh batur, anu bisa ngabantuan.

 

Kalima perhatikeun kaperluan sakola barudak, neangan sakola anu bisa mere bea siswa, atawa kuliah ka anu langsung bisa digawe, istilahna baheula mah anu aya ikatan dinas. Anu aya asramana, biasana anu diayakeun ku Departemen-Departemen Pamarentah. Siga STPDN salah sahiji contona, jeung rea deui anu sejena.

 

Tetep laksanakeun ikhtiar jeung do’a; shalat peuting ulah ditinggalkeun, rajin ngaji, komo shalat rawatib anu lima waktu mah ulah pisan ditinggalkeun. Shadaqah ulah poho, dina sagala kaayaan, naha urang keur aya rezeki atawa keur kurang, “disesuaikan” cenah. Laksanaeun shaum sunnah Senen-Kemis; lamun bisa shaum Daud leuwih hade, pikeun ngandelan Iman urang ka Allah SWT.

 

Cag heula..

 

Cinunuk, Dhuha, 2 Mei 2024.

 

 

Rachmat Sudjana

 

 

 

 

 

 

 

 

Komentar

Foto Rachmat Sudjana

Katerangan tambahan

Tulisan ieu sabenerna ditujukeun keur anak angkat kuring anu aya diwewengkon Gunung Ciremai; jadi aya kesan keur mere saran dina hiji konsultasi, jeung kabacana asa aya kesan menggurui.

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler