Saperti biasana, samemeh waktu sholat datang, Kabayan geus tatan-tatan. Kitu na teh tuhu kana papatah mitohana. Jeung deui kitu nu ku manehna dipikanyaho tina pangajian-pangajian rutin di musola deukeut imahna.
Ceuk katerangan nu kadenge ku manehna. Afdolna ibadah sholat teh kudu dilakonan kalawan berjama'ah jeung tepat waktu, oge datang ka tempat sholat, masjid atawa musola di awal waktu. Supaya urang bisa ngalaksanakeun pasunatan-pasunatan sejenna, saperti solat "Tahiyatul Masjid" jeung dzikir-dzikir lainna.
Sanggeus kawin ka Nyi Iteung, hirup manehna jadi loba parobahannana. Nu tadina kuuleun euweuh kadaek, kana ibadah terutama sholat sok rada kaleked, ayeuna mah katingalina sumanget. Lain pedah cinta na ka Nyi Iteung pikeun manehna sagala-galana, tapi era tur ajrih ku mitohana, nu nimbulkeun rasa jeung rumasa kana ka tunaan dirina. Mitohana teh tokoh jeung sesepuh di eta kampung, pada mikaserab ku warga sakabehna.
Di gigireun imah mitoha na aya musola. Masjid leutik nu ngahaja dibangun pikeun tempat ibadah terutama sholat keur warga di kampung eta. Geus heubeul dibangun na teh, meujeuhna diomean sigana mah. Ma'lum musola sederhana dibangun duduk jandela. Satengahna make bata ditembok, ari kusen jeung sajabana tina kai jeung awi, pipinding jeung palaponna make bilik, kentengna model palentong.
Alatan ku geus heubeul can kaomean, waruga musola katingali pikawatireun, komo palaponna mah siga geus mimiti arucutan, ting burayot siga sa gebrueun murag. Lain teu hayang ngomean musola mitoha na teh, tapi waragadna can aya, keur kukumpul heula cenah mah. Kamari boga duit koredas dipake ngawinkeun anakna, Nyi Iteung tea ka Si Kabayan.
Kacaritakeun Si Kabayan geus saged. Balik ti sawah manehna terus beberesih mandi, make sarung jeung baju koko bodas nu geus disadiakeun ku pamajikannana. Teu poho dikopeah jeung make minyak seungit sagala, sunnah ceuk ajengan oge cenah.
Nepi ka musola kasampak jamaah geus loba nu daratang, tapi katingalna kalah ting jarentul, ting haruleng, padahal adan geus lekasan ti tatadi mula. Barang ditanya ku manehna, cenah keur nungguan imam, nu teu lain iwal ti mitohana sorangan. Si Kabayan kakara inget, yen poe eta mitohana teh keur suwung di imah, nyaritana mah aya perlu ka kulon cenah, nguruskeun sawah nu sisi lembur rek aya nu meuli, keur waragad ngomean musola tea.
Ku manehna dibejakeun ka jamaah, yen mitohana keur euweuh di imah. Sok wae masrahkeun ka jamaah saha nu pantes jadi imam sholat ngagantian mitohana. Dibejaan kitu teh jamaah kalah ting haruleng, silih pelong, sigana euweuh nu wani ngagantian mitohana jadi imam sholat. Teu lila kadenge jamaah ting kecewis, ting harewos. Nu ahirna rempeg nunjuk manehna kudu jadi imam sholat harita, ngagantian mitohana.
Si Kabayan reuwaseun, manehna kekepehan, undur-unduran, embungeun. Tarik ku keukeuh dipaksa ku jamaah, akhirna manehna leah. Sok sanajan rada kaleked jeung disurung-surung maju ka paimaran, manehna eleh deet ngelehan. Pamikir jamaah meureun, piraku minantu imam teu bisa nga imaman, manehna pasrah.
Geus nangtung di paimaran rek jadi imam sholat, manehna teu puguh rasa. Hatena ratug tutunggulan, tuurna mimiti nyorodcod, kesang nyurucud maseuhan bajuna. Kituna teh kusabab pinuh ku karumasa, rumasa tuna tina hal agama, ibadah kaasup sholat kakara taram-taram diajar, ayeuna geus kudu jadi imam ngagantian mitohana.
Manehna geus teu puguh rasa, kesang beuki cipruk maseuhan baju kokona, tuurna beuki tarik nyorodcod. Geus teu kuat inggis ngarumpuyuk di pa imaran, manehna ngalieuk ka tukang, jamaah sigana geus kareseleun ti tatadi nungguan imam acan wae takbirotul ihrom.
Si Kabayan geus buleud hatena, sakali deui manehna ngalieuk ka tukang. Ti dinya teu antaparah....manehna balik kanan norobos jamaah lumpat ka luar.. Para jamaah rareuwaseun, terus kompak nuturkeun Si Kabayan kaluar ti musola.
Sanggeus kabeh geus aya di luar, kadenge aya sora ting terektek di jero musola, disusul ku sora ngagebrug tarik pisan. Singhoreng palapon musola murag, sigana alatan geus kolot, kai na geus kararopos.
Sakabeh jamaah rareuwaseun, tapi ahirna ngarasa untung bisa salamet tina musibah alatan nuturkeun imam lumpat kaluar ti jero musola.
Ti harita cuw-cew, ting harewos pabeja-beja, yen minantu imam teh lain jalma jore-jore, lain jalma sambarangan. Sigana eta sang minantu teh geus miboga elmu nu disebut " Weruh sadurunge winarah" nyaeta mikanyaho samemeh hiji hal bakal kajadian, kitu pamikir jamaah. Buktina teu lila imam lumpat kaluar ti musola dituturkeun ku sakabeh jamaah, palapon murag ngagubrag. Sigana lamun harita tetep di jero musola, tanwande loba nu bakal cilaka.
Sanggeus kajadian muragna palapon musola, jamaah ngayakeun rempugan, nu hasilna netepkeun kalawan aklamasi, buleud, yen minantu imam alias Si Kabayan resmi diangkat jadi Imam di eta musola ngagantian mitohana.
Barang ngadenge kitu Kabayan asa dibentar gelap. Rarasaan sakuriling bungking asa poek....poek....poek gubrag !!! Si Kabayan katuralengan teu inget di bumi alam.
TAMMAT
Lamping citarum,
24 Maret 2025
Komentar
Tulis komentar baru