HUJAN DUIT
Ku : Rahmat Asgar
Samemeh lohor Mang Udin geus balik tina ngabeca na. Uyuhan ngabeca bulan puasa bari panas ereng-erengan, karasa pisan awak bayeungyang, komo halabhab mah geus lain caritakeuneun deui.
Sok sanajan kitu, pikeun manehna mah dalah pagawean sapopoe neang kipayah jadi tukang beca, teu weleh dilakonan kalawan sabar. Teu weleh ngucap syukur kana sagala ni’mat nu dipasihan ku Mantenna. Napel pageuh piwuruk ti jenat kolotna, anu teu weleh jadi patokan hirupna tug nepi ka ayeuna. Tapi teu kituna, kangaranan manusa keuna ku sipat owah gingsir, sakapeung teteg dina kaimanannana, sakapeung leah kabawa caah tarajangna zaman. Komo dina nyanghareupan lebaran model ayeuna, sakuriling bungking tihothat satekah polah nyumponan pangabutuh nu leuwih batan poe-poe biasana, sakapeung hatena sok marojengja.
Beca diparkirkeun handapeun sorondoy hareup imahna. Disebut imah soten, pedah aya jugrug wangunannana sanajan leutik tina bilik, aya pantoan, aya jandelaan, luhurna dikentengan bari sarosopan oge. Lumayan paragi tempat ngiuhan tina panas jeung hujan, tempat istirahat satutasna ngabeca sapoe jeput.
Goloyoh manehna diuk nyarande na jero becana, ngararasakeun kacape tas ngaboseh beca kukurilingan neangan panumpang. Awakna karasa hareudang, digeberan ku dudukuyna nu geus rada rawing. Hiliwir angin tiis ngahiliwir lir nu ngusapan awakna, nuuskeun kesang na kulitna nu lestreng balas kapentrang ku panonpoe, nyelesep mapay sa urat sandi. Panonna mimiti karasa beurat dipepende hiliwirna angin.
Kagareuwahkeun ku sora ting keresek sada aya daun atawa kalakay nu marurag ti luhur, Mang Udin ngorejat ngagisik panonna, rucang-riceng ningali ka sakurilingna. Manehna olohok bari reuwas pacampur jeung atoh. Duit…..enya duit nu warna beureum, biru, hejo ngabrul ti luhur lir nu diawurkeun ti langit. Hujan duit.
Di buruan imah ngampar balatak, disidik-sidik geuning bener duit. Teu antaparah Mang Udin luncat tina jero becana, ngarawuan duit nu ngampar di buruan imahna, cakah cikih sorangan. Sup ka jero imahna, kaluar mawa tolombong jeung karung sababaraha siki, sabangsaning barang nu bisa dipake wadah. Bus…bus….duit nu geus meunang ngarawuan teh, diasup-asupkeun kana wadah. Tolombong jeung wawadahan lainna geus pinuh, ganti diwadahan kana karung nepi ka metet. Beak di buruan terus manehna alak ilik kana luhur kenteng. Lakadalah….dina kenteng ge ngampar balatak duit. Duit dikoeran ku gantar paragi ngala buah nepi ka beresna.
Karasa cape, gek manehna diuk dina bangku, ngareureuhkeun kacape balas pak pik pek mulungan duit tadi.
Nyeh…. manehna seuri sorangan. Dina hatena ngagerentes, tulus siah ayeuna mah lebaran teh. Rek meuli sagala nu dipikahayang. Rek meuli baju koko jeung kopeah nu pang alusna, sarungna BHS nu katingal sok diangge ku ustad Abas ari pareng nga imaman ied, ti toko H. Syaridin. Rek meuli baju nu pang alusna jeung pang mahalna keur anak jeung pamajikan ti Toko Taesin. Rek meuli kadaharan jeung kuah-kueh nu ngareunah ti toko Marsiti. Rek meuli sendal ti Toko Sono, sendal kulit model tarumpah siga buatan tasik. Meuli perhiasan emas mah ti toko anu kajojo Toko emas Oey Fung Sen alias Bah Asen, malah jeung berlianna oge bakal kabeuli sigana, anak jeung pamajikan moal teu atoheun, ajrag-ajragan. Kabayang.
Bus…bus… tolombong, karung, nu metet ku duit teh diasup-asupkeun kana becana. Cukup sakieu ge keur balanja mah, pikirna. Teu talangke, beca diboseh kalawan sumanget, tujuan euweuh deui iwal ka Jalan Tuparev, tempat toko-toko sagala kaperluan aya di dinya.
Ti mimiti anjog ka lebah Masjid Agung kaum. Manehna rada rungah-ringeuh jeung heran. Di jalan asa sarepi, euweuh saurang oge nu ngulampreng. Mobil, beca, nu biasana pabaliut di jalan, ayeuna laleungit teuing kamarana. Nu aya ngan manehna sorangan jeung becana. Teu ieuh jadi pikiran, geus gilig niat rek balanja ka toko keur lebaran saloba-lobana.
Beca terus diboseh ku manehna. Ngaliwat ka toko Yun Lung suwung, toko Marsiti sepi, toko pakean Taesin jeung H. Syaridin pon kitu keneh. Jalan Tuparev sepi, euweuh jalma nu ngulampreng saurang-urang acan.
Keur ngahuleng kitu, kareret ku manehna toko emas Oey Fung Sen alias Bah Asen pantona rada melenge, geuwat disampeurkeun, pantona rada disurungkeun bari pok ngomong “ Bah, kuring rek meuli emas, malah mun aya mah berlian ge rek dibeuli, moal rek nawar, sabaraha oge rek di duitan, tah duit kuring loba “ bari nunda tolombong jeung karung nu metet ku duit. Si babah reuwaseun, terus mundur, pok manehna ngomong “ Owe teu ngajual emas deui, geus teu butuh luit ayeuna mah, tuh loba luit mah, tadi meunang mulungan di jalan “ pok na. Kituna teh bari nunjuk karung-karung nu ngajajar di jero tokona, maretet pinuh ku duit. “ Geus… balik wae ayeuna mah, kabeh jalma geus laloba luit, moal aya nu dagang deui. Loba nu mulungan luit di jalan, apanan tadi hujan luit “ ceuk si babah bari nutupkeun panto toko na.
Leng…..Mang Udin ngahuleng ngaraga meneng. Hatena ngagerentes, heueuh nya apanan tadi teh hujan duit. Meureun sarua batur oge siga aing, marulungan duit. Paingan toko tarutup, nu daragang suwung, jalma-jalma euweuh nu ngulampreng, da sigana keur ngareukeupan duit di imahna masing-masing.
Korejat Mang Udin hudang, kagareuwahkeun ku sora pamajikannana nitah ka cai. Sabab di Musholla geus kadenge sora adan lohor, panggero pikeun jalma nitah nyumponan kawajibannana ka Gusti nu murbeng alam.
Astagfirulloh hal a’dziim….manehna ngusap beungeut. Ngimpi aing teh, gerentes hatena. Manehna ngahuleng. Ras inget ka papatah kolotna samemeh ninggalkeun alam dunya ieu : …………” Kudu sabar jeung tawekal ngalakonan hirup mah, dunya ngan ukur samentara. Nu leuwih penting mah kudu loba sukuran, supaya hirup urang aya dina kabarokahan. Sukuran teh lain pedah urang miboga harta banda anu loba. Tapi sukuran dumeh urang masih dibere umur, masih dibere rizki sanajan leutik, nu penting halal tur berkah. Ulah aral ku kaayaan hirup. Da beunghar jeung miskin mah geus sunatulloh. Aya kahirupan di dunya alatan ku ayana nu beunghar jeung nu miskin. Mun jalma beunghar kabeh, dunya sepi moal aya kahirupan. Pon kitu deui lamun di dunya miskin kabeh, kahirupan bisa eureun. Di dinya ka maha adilan Allah teh ayana. Urang salaku manusa ngan ukur dititah taqwa, supaya urang meunang kabagjaan. Sabab kabagjaan anu hakiki mah, nyaeta dimana urang geus nepi kana darajat taqwa. Leuwih ngadeukeutkeun diri ka Allah. Ngalaksanakeun naon anu diparentahkeun, jeung ngajauhan sagala naon anu dilarang. Teu ngaberung ngagugu kahayang nafsu. Mun hidep geus bisa ngalaksanakeun hal eta, Allah bakal leuwih deukeut ka urang. Mun Allah geus deukeut jeung urang, sagala naon nu dipikahayang jeung dipiharep pasti bakal ditedunan. Eta puncak kabahagiaan anu sabenerna. Tengetkeun ku hidep. Sing saha wae jalma anu bersyukur kana nikmat ti Allah, rek gede rek leutik. Pasti bakal ditambah eta nikmat. Tapi sabalikna, lamun manusa kufur kana ni’mat ti Allah. Ngarasa sagala anu aya dina dirina jeung hartana, eta hasil jerih payah manehna sorangan. Tanpa miheulakeun inget ka Allah. Inget, azab Allah nu leuwih peurih bakal tumiba………..”
Leketey….hate Mang Udin ngaleketey, cipanonna ngembeng. Kasedih jeung kabungah pagalo. Aya rasa nu minuhan dada jeung hatena. Rasa tengtrem nu datang tina rasa rumasa jeung tumarima, kana sagala anu tumiba kana kahirupannana. Kapasrahan anu datang tina rasa kaimanan. Teu daya teu upaya, anging sagalana kersaning Gusti, Allah nu ngagaduhan ieu dunya jeung sagala eusina.
Sup Mang Udin ka jero imahna, rek mandi. Terus ka Musholla nohonan kawajiban. Sumujud, masrahkeun jiwa jeung raga ka Gusti nu Maha Suci. Allah nu murbeng alam.
TAMMAT…..
Lamping Citarum
26 Romadhon 1444 H.
Komentar
Tulis komentar baru