Hah-Heh-Hoh
Hiji nincak dua, Silih Asah.
Nyedek, nyelek, nganaha-naha,
unggal-unggal kedal,
matak pahang ku pakang cengek.
Nyanghareupan seuneu,
ngadago dibanjur cai,
sadatangna ngabanjir ciu.
Dua nincak tilu, Silih Sempad.
Pikaresepeun pungkal-pengkol,
keur neang sela-sela jalan,
muterkeun carita.
Lain urusan meunang,
anggur mah neangan waras,
ngeureunkeun aing ngarah kuring.
Komentar
Tulis komentar baru