Lalampahan ka Gurun Sahara. (Bagean ka 3.)
Dina pagawean sapopoe oge unggal indit ka gurun, “Desert Travelling Permit” angger kudu dipiboga, lengkep jeung aturan aturan anu kudu digugu na; sanajan ngan sabagian tina gurun anu dipilampah, saperti “Wilayah Kerja Pertambangan”, “WKP” mun diurang mah. WKP anu dioperasikeun ku Korporasi anu nugaskeun kuring kadinya, ayana kurang leuwih 250 kilometer ti sisi basisir Laut Mediterranean, ngaran WKP na Area-47, legana kurang leuwih sarua jeung legana wilayah Jabotabek.
Ari ngan saukur ka Area-47 mah indit ti Hotel jam 07:00 isuk isuk sanggeus beres sarapan oge moal kabeurangan, sarua wae jeung indit gawe siga diurang. Ngan bedana poe Juma’ah jeung Saptu libur. Poe Juma’ah jang ibadah, Saptuna keur jalan-jalan.
Nyaeta kulantaran ieu mah digawena oge ba’da pansiun asa cocok kana ethos gawena urang Arab Libya, “alon-alon waton kalakon” tea, teu aya nu gurung gusuh, salse tapi nyampe. Keuna ku paribasa kolot baheula: “Rusuh pangajak napsu, gancang pangajak setan”. Nya kuring oge asa ngarasa cocok digawe jeung ikhwan Arab anu saluyu jeung kaayaan fisik kuring anu geus cueut ka hareup, geus mangsana Ashar meureun.
Jadi digawe asa tumaninah pisan teu ngarasa aya tekenan anu bisa ngajadikeun stress pipikiran. Team gawe salian ti ki Bule urang Calgary, Canada, aya oge Geologist Arab anu saumur jeung kuring; ki Bule mah 10 taun leuwih ngora ti kuring, jadi manehna mah pangngorana. Mindeng manehna nu sok nyupiran da mobilna pang alusna Jeep Korea taun anyar harita mah. Jadi mobil kuring jeung ki Arab tetep naluturkeun. Unggal mobil dilengkepan ku radio lokal anu bisa dipake di WKP.
Memeh asup ka gerbang gurun anu aya di Jabal Nafusah, eureun heula di Resto sisi jalan anu can buka da isuk keneh, ki Bule mesen embe hiji pikeun dahar beurang, kurang leuwih jam satuan. Embena milih heula nu dikandangan mangrupa pager disatukangeun resto; arek dijieun kambing guling mun di urang mah. Kuring rada heran oge, piraku jalmana ngan genepan ka asup supirna masing-masing, ari anu rek didahar kambing guling se-ekor. Mangkaning qibas atawa embe Arab mah galede mun diurang tanding domba adu ti Garut
Teu loba tatanya ah, engke wae urang tingali dina waktuna. Mobil neruskeun lalampahan, dua mobil naluturkeun ti tukang katut perbekalan anu diperlukeun. Mobil tiluana doubel gardan, alias “four-wheel-drive” tea, saluyu jeung aturana mobil anu bisa dipake ka gurun. Tujuan harita arek nempo lahan rata pikeun diwangun “Central Processing Facility-CPF” atawa aya oge anu nyebut “Central Processing Plant-CPP”. Tegesna fasilitas pemurnian minyak jeung gas anu diperlukeun pikeun nedunan syarat supaya minyak jeung gas bisa laku dijual pikeun konsumsi domestik atawa export. Lolobana mun di Libya mah keur di export.
Sababaraha kali ki Arab Geologist ngomong dina radio ka ki Supir mobil anu tukangeun, sangkan ulah deukeut teuing; bahaya cenah, mun urang asup kana liang anu teu katingali lantaran katutupan keusik, manehna bakal milu tigebrus; tapi ki Abdurahman anu nyupiran mobil tukangeun, ngajaga jarakna ngan sakeudeung, geus lila mah pohoeun deui, angger wae nguntit rada deukeut.
Lahan pikeun “Right Of Way - ROW” oge disurvey supaya bisa meunang jarak anu pangdeukeutna ka CPF jeung bisa nedunan persyaratan tehnisna anu aya dina Panduan ti “National Oil Company - NOC” Libya. Lamun aya “spare capacity” anu deukeut ka lahan urang hukumna wajib dipake; atuh anu boga fasilitasna oge wajib mikeun ka urang, kitu aturan anu lumaku didinya.
Lahan pikeun stasiun pengumpul oge disurvey, lokasina diteangan anu posisina sentral ti sumur sumur minyak anu bakal di produksi. Unggulna di gurun teh loba lahan anu datar sarta kosong teu aya tatangkalan jadi bisa mere gambaran visual anu jelas.
Atuh dina waktuna engke ngawangun fondasi bisa leuwih sederhana da daya dukung tanahna kuat pikeun nunjang paralatan process anu bareurat, saperti Tengki, Bejana Tekan, Kompresor, kompa, Turbin, struktur jeung rea rea deui saluyu jeung anu dibutuhkeundi masing-masing lokasi kaasup di CPF.
Teu karasa waktu geus ngadeukeutan tabuh 12, mangsana mulang sarta nyimpang di Resto tea pikeun dahar beurang. Ki Bule anu nyupiran geus muterkeun mobilna ka arah balik. “Pagawean mah isuk urang tuluykeun deui”, ceuk manehna; nya saluyu jeung ethos gawena pribumi, urang mah tinggal nurutan wae.
Tabuh satu leuwih saeutik geus nepi ka Resto, mobil diparkir di tempat nu rada iuh handapeun tangkal korma hareupeun Resto. Ari breh teh hidangan kambing guling tea geus disayagikeun, mun di urang mah siga di nu hajat, sa meja gede kalawan aya genep korsi galede ukuran urang Arab. Ningali daging embena, geuning rupa rupa bungbuna salian ti anu dijieun kambing guling teh, matak barieukeun, kumaha ngadaharna.
Sarerea ngarumbah leungeun heula, terus nyanghareupan piring masing-masing anu geus aya eusian ku daging embe anu tanpa gajih tea. Bismillah. mimiti wae dalahar. Aya ku ni’mat dahar daging embe, ditambul tea da teu disanguan. Urang-urang Arab daharna nya saluyu jeung ukuran awakna. Dahar balakecrakan mun diurang mah; sedikit bicara banyak mengunyah. Sanggeus beres dahar; daging embe teh masih loba keneh, rea sesana tinimbang anu didahar. Ki Arab Geologist ngomong ka nu boga Resto sangkan daging anu aya keneh dibungkus dibagi tilu keur supir masing-masing. Atuh barungaheun pisan ki supir teh mareunang oleh-oleh keur dibawa kaimahna.
Sanggeus beres dahar, sarerea sharolat heula, iwal ki Bule Canada, Ki Arab Geologist jadi Imam. Beres sholat kakara mulang ka Hotel. Dina mobil kacida tunduhna keur mah wareg, oge pas dina mobil karasa tiis, da di Restona Arab teu make AC, ngandelkeun kipas angin gede wae anu aya dina flapon. (Hanca)
Cinunuk, Beres Dhuha, 5 Juni 2024
Rachmat Sudjana
Komentar
NOC
Koreksi: National Oil Corporation
Tulis komentar baru