Skip to Content

Preman Cikundul.

Foto Rachmat Sudjana

Preman Cikundul.

Awakna lestreng, pakeana rada acak acakan; make baju anu geus dua poe teu ngambeu cai, urang sebut wae ki Kemed. Leungeun pinuh ku tato, lamun melong ka budak tangtu budak teh lumpat sieuneun.  Kalakuan euweuh nu pikaresepeun batur; tukang malak kaditu kadieu, kanu ngaliwat, ka tukang dagang, kasaha wae anu panggih jeung manehna. Mun bisa mah jalam-jalma teh embung panggih jeung manehna teh.

Kunaon manehna teh kitu? Da basa keur leutikna mah rajin ngaji ka Mama Ajengan anu aya di lembur manehna harita.  Sanggeus manehna dewasa kakara kanyahoan basa dina hiji mangsa, teu kahaja panggih deui jeung Mama Ajengan, anu geus pindah ka kota sejen, anu supirna harita ampir dipalak. Cenah manehna teh ngarasa jiwana teu aman, teu ngeunah, loba kahariwang, loba kasieun; duka ngarasa sieun kunaon. Pikeun nutupan eta kakurangana manehna kudu ngawasaan batur, kudu diturut ku batur, kudu ngarasa dipikasieun ku batur; kakara jiwana ngarasa tenang da ngarasa dirina punjul ti batur, ngarasa superior tea kitu?

“Tah euy, Innova bodas”, ceuk baturna mere kode. Salah saurang balad manehna anu siaga sisi jalan, rikat ngalengkah ngadeukeutan mobil anu keur nurugtug dina pudunan, sewur wae ban tukang anu aya disisi kenca disiram ku olie urut anu memang geus disadiakeun.  Atuh mobil teh mulek ku haseup, sarta bau kupling anu kapanasan, babaturan na anu sejen anu make motor nuturkeun Innova bodas tea, bari tutunjuk kana ban anu mulek ku haseup. Supirna reuwaseun, sapada harita nyisikeun mobilna. Panumpang nu sejena oge pada tarurun da ngarasa reuwas mobilna saperti nu kahuruan sarta kaambeu bau kupling kabakar.

Babaturan manehna nu sejen anu make baju montir, rikat nyampeurkeun: “Untung kaburu kanyahoan, lamun henteu mobilna bisa kahuruan atawa ruksak parah”, cenah. Mireungeuh eusi mobil katut supirna teu ngarti Basa Sunda, manehna ngajak ngomong Bahasa Indonesia. “Sudah sering om kejadian begini dijalanan menurun, tadi om ngerem terus ya tiap tikungan”, ceuk manehna. “Ini remnya jadi panas. Kalau om mau saya bisa betulin, saya juga sudah sering membantu orang yang mobilnya seperti ini”, ceuk manehna.

Lolobana anu mawa mobil teh teu ngarti naon sababna. Anu aya dina pikiran manehna kudu gancang diomean supaya bisa terus jalan deui. Ari keur ki Kemed mah, ieu kasempetan hade pikeun menta sabagian rezekina urang kota, anu katempo ku manehna urang kota nu sok ngaliwat ka lembur manehna mah raloba duit, mobilna aralus, jadi si Kemed mah menta buruhana ge sok teu euleum-euleum; kitu oge harita menta tujuh ratus rebu keur ongkos ngomean mobilna anu mulek ku haseup. Nu boga mobil kabeuratan, akhirna daekeun mere lima ratus rebu--masih katitih mahal sabenerna mah.

Mama Ajengan anu ti tadi nyerangkeun ti kajauhan, handapeul tangkal nu iuh. Sigana ngahaja Mama Ajengan lumantung kadinya da hayang panggih jeung ki Kemed anu geus kahontar jadi preman kampung Cikundul, tempat manehna cicing. geus jadi sabiwir hiji pagawean ki Kemed teh jadi tukang palak ka anu daratang kadinya. Loba nu sarieuneun ka ki Kemed da cenah jago silat; kungsi tarung jeung gegedug preman nu ti heula, manehna nu unggul, atuh kabeh anak buahna ayeuna jadi anak buah ki Kemed. Gegedug nu ti heula kiwari geus pindah ka tempat sejen, bari mimiti ngumpulkeun deui anak buahna nu alanyar.

Basa Ki Kemed nenjo aya Mama Ajengan keur nyerangkeun manehna, geuwat nyampeurkeun ka handapeun tangkal, bari mere tanda ka kabeh baturna sangkan nyingkah, da manehna rek manggihan Mama Ajengan. “Kumaha Med, cageur euy?” saur Mama Ajengan sanggeusna ki Kemed ngadeukeutan. “Berekah, sae Mama”, tembal ki Kemed. Sigana Mama Ajengan oge surti da kungsi mapatahan ki Kemed saencana. “Lain Med, Mama teh ngarasa melang ka hidep, sok sieun katutuluyan milampah jalan anu salah”. “Ngahaja Mama kadieu, nepungan hidep ditempat ieu, meh urang salse ngobrolna moal aya nu ngaganggu”, ceuk Mama Ajengan. “Ti saprak Mama panggih jeung hidep taun kamari sarta ngadengekeun naon anu jadi masalah dina kahirupan hidep, Mama terus ngadu’a kanu Kawasa, neneda sangkan kasakit hidep cageur, ulah ngarasa hariwang, honcewang, jeung sieun ku anu teu puguh”, ceuk Mama Ajengan teh neruskeun obrolana.

“Ari hidep sok ngaji? Inget henteu kana Surah Albaqarah Ayat 112; anu eusina kurang leuwih saperti kieu”: “(Henteu kitu) malah sing saha jalma anu sumerah nyerenkeun pameunteuna ka Gusti Allah, sedengkeun manehna muhsin, mangka pikeun manehna ganjaran sagedengeun Pangerana jeung euweuh rasa sieun anu tumiba ka diri maranehna jeung maranehna oge henteu ngarasa sedih hatena”  

“Leres pisan Mama, ti waktos kenging nasehat ti Mama taun pengker, abdi tos hoyong kaluar tina situasi ieu, tapi kedah kamana sareng kumaha, sementawis paraosan sieun , honcewang, hariwang masih keneh aya nyangkaruk dina diri abdi”, ceuk ki Kemed anu geus mimiti babalik pikir. “Syukur atuh ari hidep geus babalik pikir mah, meureun du’a Mama diijabah ku Pangeran”, hidep meunang hidayah.  “Ayeuna mah hayu wae atuh urang hijrah milu jeung Mama”. Ki Kemed ngarasa bungah pacampur jeung sedih, pok manehna ngomong bari rada dareuda: “Abdi mah seja ngiringan wae ka Mama kumaha saena, manawi upami abdi hirup di pasantren mah, harepan abdi, abdi teh tiasa langkung tenang nyorang hirup, ka aping sareng kabimbing ku Mama unggal waktosna.

Singket carita ki Kemed anu geus babalik pikir, eureun tina pagaweana jadi preman, akhirna milu ka Mama Ajengan anu jadi Pangasuh Pasantren anu kawilang gede oge. Ki Kemed cicing netep di Pasantren bari nyupiran kendaraan operasional pasantren. Sawatara taun ti harita ki Kemed geus panggih jodona ka santri wati budak yatim anu masantren didinya. Kasakit ki Kemed lalaunan leungit jeung geus bisa disebutkeun cageur, kayakinan Imana nambahan, hirup ki Kemed ayeuna jadi leuwih tenang teu aya deui anu dipikasieun iwal ti Allah SWT.

 

Cinunuk, Ba’da Isyaa, 31 Mei 2024

 

Rachmat Sudjana

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler