Skip to Content

Journey Manager

Foto Rachmat Sudjana

Journey Manager.

Di Pausahaan tempat gawe kuring baheula, di tempat anu jauh pisan (Afrika), aya anu ditugaskeun salaku Journey Manager, pikeun monitor pagawe-pagawe atawa staff Pausahaan, anu dianggap asset anu ditugaskeun ka tempat anu hara-haraeun, anu loba bahayana. Salila eta staff can balik, Journey Manager kudu terus mantau teu meunang eureun, nepika eta staff mulang ka kantor.

Kakara sadar geuning ayeuna oge kuring ngalaman jadi Journey Manager di imah, tegesna mah gantian jeung pamajikan, lamun salah saurang ku kagiatan rutin kudu nyaba atawa kudu aya ditempat sejen henteu babarengan antara kuring jeung manehna. Teu kitu Kumaha, da pan kuring mah rumah tangga nu ayeuna mah jarak jauh istilahna teh, teu bisa babarengan unggal waktu. Hal ieu kapaksa ku kaayaan pikeun nengtremkeun kaayaan rumah tangga anu teu pegat tina ilubiungna barudak anu geus darewasa jeung geus papada kurenan.

Teu rea anu dicatur tegesna mah dijalankeun wae dapon repeh rapih, kuring ari geus waktuna mulang ka kota nya mulang, engke aya waktuna balik ka lembur; nya kakara bisa babarengan mun kuring aya di lembur mah.

Salila kuring di kota, manehna jadi Journey Manager di lembur; narima laporan kagiatan anu dipigawe ku kuring di kota, ka masjid, ka pangajian, ka kekebonan jeung babalongan tukangeun jeung gigireun imah, olah raga gowes atawa leuleumpangan di sabudeureun komplek. Narima semah anu datang, biasana aya dulur, anak jeung incu. Diajak jalan-jalan ku barudak, silaturakhim kadulur di Lingkungan Jabodetabek. Satiap dua jam kuring nga- “update” kagiatan kuring ngabejaan ka Journey Manager di lembur.

Kitu deu kuring jadi Journey Manager keur manehna, mantau kagiatan ti mimiti hudang samemeh shubuh, sahur mun keur puasa wajib atawa sunah Sahum Daud, sholat shubuh, balanja ka pasar, ngurus dagangan, ngeusian gas, ngurus imah, sholat, ngaji, ka klinik, ngalongok budak jeung sajabana, nepi ka waktuna sare peuting.

Rada anehnya naha aya rumah tangga jarak jauh saperti kuring jeung manehna ayeuna. Ari keur kuring mah da geus biasa ti keur ngora keneh, ari gawe teh kudu indit kaluar pulo, malah kungsi ka luar nagri sagala, jadi komunikasi ngan saminggu sakali ku telepon; atuh ka behdieunakeun sanggeus aya fasilitas telepon LDS (Long Distance System), nyaeta telepon jarak jauh tapi pulsana lokal, bisa teleponan unggal peuting lamun geus beres digawe.

Beda jeung manehna, pamajikan kuring nu ayeuna mah memang boga cita-cita mun boga salaki deui teh teu kudu unggal poe aya di imah, ngarah aya rasa silih pikasono jeung silih pikamelang, jadi mun kuring datang aya “quality time” anu ditungguan.

Lamun dipikir leuwih jero mah ieu teh sabenerna mah hiji anugrah ti Allah SWT, teu kudu babarengan hirup rumah tangga di hiji tempat anu sarua unggal poe. Ari keur kuring mah ieu teh hiji kaayaan anu kudu ditarima kulantaran sikep barudak, ari keur manehna mah memang hiji cita-cita anu dipikahayang. Subhanallah. Jadi nya teu aya masalah dijalankeun wae dina jero kayakinan Allah mangmilihkeun anu pangalusna pikeun kuring duaan.

 

Islamik, Ba’da Dhuhur, 25 Juni 2024

 

Rachmat Sudjana

 

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler