Skip to Content

Adi gering

Foto Rachmat Sudjana

Adi gering

Ti saprak sababaraha taun katukang ieu, ki adi anu ngumbara di Kalimantan ngalaman gering anu siga ngaganggayong, larsup ka Rumah sakit teh enyaan; malah sobat dalitna di Jakarta anu sok mindeng teteleponan sok ngageuhgeuykeun: “Pa nuju di kantor atanapi di Rumah Sakit?”, cenah. Da di dua tempat eta ki adi kabehdieunakeun ayana.

Ceuk kolot baheula mah: “Gering teh pastina lain kahayang urang, tapi bisa disebutkeun papasten atawa ujian ti Pangeran. Saha jalmana anu hayang gering, salawasna pan urang mah hayang sehat wal’afiat, teu aya nu karasa, hayang cageur salilana”, kitu cenah ceuk nini kuring baheula.

Tapi teu kitu geuning ari ceuk kang Ustadz mah: ”Unggal cocoba ka asup panyakit atawa gering pasti mungguhing Allah mah aya hikmahna. Saha jalma anu gering heg bisa narima kalawan sabar, bakal dihampura dosa-dosana nu geus kaliwat”.  “Tetela geuning sagala rupa anu tumiba ka diri urang teh, boh kani’matan komo deui cocoba, henteu leupas tina maksad sae Allah ka urang masing-masing”, kitu tah ceuk Nini kuring bareto.

Ki Sobat, sebut wae ngarana “Sobat”, kungsi nyarita kakuring, cenah manehna salila hirupna can kungsi ngarasa gering, sehat wae salawasna; jeung manehna ngarasa: “Ah sehat mah biasa wae teu aya istimewana”. Nepi ka dina hiji waktu, manehna diuji ku Allah kudu ngalaman rawat inap salila saminggu alatan kacilakaan lalulintas dikota tempat digawena. Ngarasakeun kanyeri jeung kakesel, teu bisa kamana mana, bororaah indit-inditan, dalah ngagoler sare dina ranjang Rumah Sakit anu mahal teh teu aya ni’matna.

Kakara manehna sadar salila 50 taun hirup didunya kalawan sehat, teu aya nu karasa, sehat teh karasana  asa biasa-biasa wae, dibandingkeun jeung saminggu ngaringkuk di Rumah Sakit, nahan kanyeri. Geuning sehat teh karasa ku manehna ngarupakeun ni’mat Allah anu pangmahalna. “Kacida ni’matna sehat teh, sanggeus kuring ngalaman gering”, cenah ceuk ki Sobat teh. “Moal ngarasakeun kumaha ni’matna sehat, lamun kuring teu ngalaman gering”, imbuhna.

Kiwari ki Adi masih ngagoler di ICU di Rumah Sakit saenggeusna dioperasi, diala panyakitna, dikaluarkeun anu jadi panyabab gering tina awakna. Operasi anu ditunda sababaraha bulan ti samemeh bulan puasa, kakara dilaksanakeun saenggeusna lebaran. Loba pertimbangan ki Adi teh, keur mah ayana di peuntas lautan, dulur-dulur geus pada karolot, pimanaeun bisa nungguan dalah nempo wae teu bisa. Ki Adi anu taun ieu nincak sawidak dalapan taun, bungsu, komo lanceuk-lanceuk na mah geus leuwih ti tujuh puluh taunan. Lain teu hayang maturan anu jadi adi, tapi dalah dikumaha da indit kaditu kudu dibaturan ku nu ngora keneh, teu kauntup keur meuli tiket kapal udarana. Danget ieu mah ngan bisa ngado’akeun wae ti kajauhan, supaya ki Adi ditangtayungan ku Allah SWT, gancang diangkat sagala rupa kasakit jeung kanyerina kalawan bisa cageur deui saperti bihara-bihari.

Anak ki Adi anu cikal anu aya, lalaki, cekel gawe di Europa, ngahaja datang ngaroris kasehatan bapana; ninggalkeun pamajikan jeung dua anakna anu masih keneh sakola SD mun diurang mah, di nagri deungeun. Ku datangna ki Alo, ki Adi ngarasa leuwih reugreug jeung timbul wawanena pikeun operasi; anu tadina mandeg mayong ayeuna mah gilig: ”Bismillah, siap ngajalankeun tindakan medis mangrupa operasi”, cenah

Anakna anu kadua ti Jakarta oge, ninggalkeun budakna anu masih keneh laleutik, duaan lalaki duanana dibaturan ku ninina barudak ti pihak bapana; geus sababaraha bulan maturan di Kalimantan.  Kitu na mah barela ka kolot tah barudakna ki Adi teh, alhamdulillah, sharoleh lan sharolehah.

Sigana anu keur nungguan nu gering saribuk kabawa ku kaayaan, rada telat ngirim warta ka dulur dulur di Jakarta, da mun aya salah saurang anu narima berita kayaan ki Adi langsung dimuat dina WAG kulawarga, jadi sarerea bisa mantau kamajuan kasehatan ki Adi.

Dulur-dulur kabehana milu ngado’akeun kana kamajuan kasehatan ki Adi ka asup anu maca ieu tulisan, sanajan can kugsi panggih jeung ki Adi, milu ngado’akeun, da ari do’ana mah insyaaAllah nepi, atuh anu ngado’akeun oge dicatet amal sholeh-sholehahna ku malaikat.  Aamiin yaa Allah.

Harepana, saberesna operasi ki Adi bisa cageur deui sabihara-bihari, bisa ngajalankeun sunatullah jeung qadarullah sakumaha anu diembankeun ku Pangeran, anu geus disaluyukeun jeung kaayaan oge kamampuan fisik ki Adi saeungeusna operasi. Aamiin tsumma Aamiin.

 

Islamik, Dhuha, 15 Mei, 2024

 

Rachmat Sudjana

 

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler