Skip to Content

Srikandi ti Cibalong

Foto Rachmat Sudjana

Srikandi ti Cibalong

Cibalong teh ngarupakeun hiji Kacamatan anu asup kana wewengkon Kabupaten Tasikmalaya, ayana dikiduleun Kota Tasik. Kacamatan anu diliwatan ku Walungan Ciwulan, sarta anak walungana anu ngarana walungan Cilongan anu leuwih leutik. Imah nini kuring ti pihak bapa, jaman harita, ayana dihareupeun Alun Alun; lokasi anu merenah pisan. Lamun ti Tasik ngajugjug ka Cibalong biasana kana beus anu jurusan Karangnunggal, turun persis di Alun-Alun hareupeun imah nini.

Harita mah model beusna aneh; ari ti  hareupna model sakumaha ilaharna beus, tapi ditukangna dibuka siga treuk. Harita keur leutik diajak ka Cibalong ku kolot jeung ki lanceuk awewe, naek ka na beus ti hareup, gek wae dariuk dina bangku anu kosong, ceuk ki lanceuk: “Ceuceu mah alim naek beus siga nu itu tuh, pengkerna siga treuk pisan pinuh ku tanggungan dagangan”. Padahal mah urang oge harita naek beus anu siga kitu, ngan ki lanceuk teu ningal ka tukang.

Walungan Ciwulan anu sirah caina di Gunung Galunggung sarta muarana di laut kidul wewengkon Cipatujah, ngabogaan lebar antara 100 – 150 meter, sarta panjangna 114 Km. Di tukangeun imah nini anu pernahna ka lebakeun, Ciwulan teh pinuh ku batu sagede gede munding; eta batu batu teh angger dina tempatna sanajan caah sakumaha gedena oge. Dina mangsana caah, batu batu teh kakeueum ku cai, lamun cai geus orot, batu batu katenjo deui, cai ngocor dina sela sela batu anu rea laukna.

Waktu Gunung Galunggung bitu taun 1982, anu lumayan gedena sarta ngaluarkeun batu batu jeung keusik anu kacida reana. Atuh Walungan Ciwulan oge caah ku cai campur keusik kulantaran aya hujan diluhureun Galunggung. Batu batu Ciwulan anu lebakeun imah nini, anu biasana tara rogreg rogreg komo ngeser mah sanajan caah gede oge. Tapi basa caina campur keusik, boga kakuatan anu leuwih, nepika batu teh pating gorolong, parindah tina tempatna; aya nu lempeng maju ka sawah, hadena euweuh imah anu deukeut ka sisi cai. Alur walungan oge jadi pindah, anu tadina pungkal pengkol mah jadi lempeng; aya oge nu tadina lempeng jadi mengkol ka arah kamana batu ngagulutukna. Heran nya..

Ayeuna Ciwulan caina geus normal malah di sawatara tempat saperti di Singaparna mah geus aya wewengkon walungan anu dipake Arung Jeram ku barudak ngora ti kota, aya nu ti Bandung, Garut, Tasik jeung sajabana. Lumayan jadi nambahan areal atraksi anu bisa ngabantu ngaronjatkeun widang pariwisata di daerah eta.

Kocap di kiduleun Cibalong, anu jaman harita mah can aya jalan, ayana ngan jalan satapak, aya wewengkon lembur singkur teu jauh ti Ciwulan, tempat sepi ngababakan dikurilingan ku sawah tadah hujan; da sanajan deukeut ka Ciwulan, wewengkon ieu mah ayana di tonggoheun walungan, jadi teu bisa aya irigasi ti Ciwulan, urang sebut wae lembur ieu ngarana Sodong.  

Saurang calon Srikandi geus dilahirkeun diwewengkon ieu, manehna budak bungsu tina dalapan dulur. Lanceuk lanceukn kabeh sarakola jeung ngalumbara ka kota sabudeureun Tasik. Aya nu jeneng Guru, anu harita mah profesi guru masih diajenan pisan dilembur teh, disarebutna oge Juragan Guru; beda jeung ayeuna mah cukup disebut jang guru atawa nyi guru.

Bibi, urang sebut wae kitu ngarana, tamat Sakola SR di Kacamatan, anu pernahna kurang leuwih lima kiloan da harita mah di Sodong can aya Sakola. Bibi nikreuh leumpang unggal poe, mipir-mipir pasir anu ayana tonggoheun Ciwulan. Ka behdieunakeun  kakara aya sakola sanggeusna lanceuk bibi anu geus jeneng Penilik Sekolah ngawakafkeun tanah geusan dijieun sakola.

Bibi leutik ngabogaan cita cita anu luhur, lain wae hayang jadi guru siga lanceuk-lanceukna, tapi ieu mah hayang jadi guru Agama anu rek mekelan murid-muridna lain wae ku elmu anu mangfa’at di Dunya, tapi leuwih ti kitu da ieu mah bisa mangfa’at oge di Akherat.

Lulus SR, bibi langsung Sakola Guru Agama di Tasik anu jauhna kira-kira 25-kilometer ti lembur; teu pati susah da geus aya tuturkeuneun lanceuk Bibi anu boga imah di Tasik. Singket carita Bibi lulus ti Sakola Guru Agama ieu kalawan lancar, harita sakola ieu waktu diajarna salila 4 taun.

Lulus sakola sabenerna Bibi geus bisa langsung ngajar SR anu aya di lembur atawa di Tasik; tapi teu kitu da Bibi mah hayang neruskeun deui sakola ka anu leuwih luhur. Tapi kumaha da di Tasik mah sakola eta teh can aya.  Ayana di Jogya anu lokasina kira-kira 300-kilometeran ti lembur.

Ti Tasik ka Jogya bisa kana kareta da harita oge geus aya kareta ti Tasik ka Jogya mah; tapi rek nuturkeun saha, teu aya dulur teu aya baraya. Tapi ku niat anu kuat, keuna ku paribasa lamun keyeng tangtu pareng, lamun ikhtiar pasti bisa. Teu kabayangkeun ku kuring mah Kumaha sumanget jeung wawanena Bibi harita, hiji rumaja anu kakara lulus sakola satingkat SLTP mun ayeu na mah. Harita taun 1950 an, kudu pindah ngumbara ka tempat anu jauh, anu can pernah didatangan, kumaha engke didituna, lokasi sakolana dimana, rek cicing dimana, jeung saha, mimitina rek nagjugjug kamana?

Tapi da Allah mah teu ewuheun, pasti maparin pitunjuk jeung pitulung ka makhlukna anu boga cita cita luhur hayang boga elmu panemu anu bisa dimangfa’atkeun jaga geusan ngadidik barudak dina widang Agama.

Kabeneran aya babaturana sarua awewe, anu boga cita cita anu sarua. Di lebah dieu Bibi jadi leuwih wani jeung leuwih luas geusan indit ti lembur pikeun ngawujudkeun cita cita na. Naik Kareta anu peuting ti Tasik, ambeh nepi ka tujuana isuk isuk. Nepi ka Stasiun Tugu Jogya isuk-isuk, tatanya ka nu didinya Kumaha carana ngajugjug ka Sakola anu pernahna saluyu jeung Alamat anu dibawa ti Tasik. Aya nu ngabejaan kana Dokar wae cenah, sanggeus rebut tawar ongkosna, geuleuyeung wae Bibi jeung baturna kana Dokar.

Barang nepi ka Sakola anu dituju, ku pihak Sakola diperhatikeun pisan; ieu dua wanoja asal ti Jawa Barat anu arek ngaradon Sakola teh, daratang ti tempat anu jauh, keur neangan elmu pangaweruh geusan diamalkeun ka para muridna jaga.

Ayeuna Bibi tos teu aya dikieuna, tapi wawanen, niat anu suhud, kayakinan kana pitulung Allah anu luhur, geus ngawariskeun hal anu luar biasa ka barudakna katut alo-alona. Teu aya kasieun dina ngajalankeun bebeneran kalawan tetep dina kayakinan ka Allah anu salawasna baris maparin pitulung ka umatna anu sholeh/sholehah. Teu munasabah lamun dibere julukan Srikandi teh.

 

Islamik, Dhuha, 20 Mei 2024

 

Rachmat Sudjana

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler