Lalampahan ka Gurun Sahara. (Bagean ka 4.)
Saperti basa keur di Kalimantan wae, lamun arek ngajugjug ka tempat anu jauh dijeroeun “Wilayah Kerja Pertambangan - WKP” dimana dina waktuna dahar beurang moal bisa balik ka “Mess-hall” anu aya di ”Base Camp”, tempat biasana kuring sabatur-batur nu aya didinya dalahar; kuring sok neangan “Rig”, Menara Pengeboran anu pangdeukeutna ka tempat anu rek dijugjug, rek ngadon dahar, tegesna mah rek menta disuguhan dahar sakumaha ilaharna kabiasaan di Pausahaan tempat kuring digawe.
Pon kitu oge harita memeh indit ka hiji tempat anu ayana ditungtung Kulon-Kidul, anu tepung wates jeung WKP anu dioperasikeun ku Pausahaan “ENI” - asal Itali, anu ka beulah kulona tepung wates jeung tapel wates nagara Algeria. Kuring ningali “Drilling Schedule” atawa Jadwal Pangeboran anu mintonkeun dimana masing-masing Rig ayana, jeung sabaraha lila ayana didinya; da pan Rig mah pipindahan ti hiji tempat ka tempat sejena, beres dihiji tempat terus pindah katempat lain luyu jeung “Drilling Schedule” tadi, kuring neangan anu deukeut ka tempat anu rek dituju.
Sanggeus kapanggih, aya Rig KCA-32 anu ayana kurang leuwih 3 kilometer ti tempat anu dituju. Ki Bule Canada, ngontak make radio ka ”Company Man”, saperti Perwakilan Pausahaan, anu aya dina Rig eta rek ngabejaan engke aya tambahan opatan anu rek ngadon dahar beurang didinya. Sawatara kitu dina jalan liliwatan aya hiji deui Rig Ensign-28 anu keur ngebor didinya, dikontak oge ku ki Bule “Company Man”a; ngabejaan engke dina waktuna balik rek nyimpang ngadon ngopi dina waktuna “Coffee Break”. Resep pan barang gawe bari sakalian wisata kuliner, nyalurkeun karesep nyanyabaan saperti keur ngora ngeneh.
Aya nu poho ti kamari acan nyaritakeun “Dress-Code” na urang Arab Libya, nyaeta mun ka kantor marake Jas, heunteu supir teu “Engineer” sarerea marake jas; bedana ari supir tara didarasi, ngantorna di lantai hiji aya ruangan khusus salantai jeung tempat mobil diparkir. Gedongna genep lantai, aya liftna, tapi ari isuk-isuk sarerea kompak ngaliwatan tangga bari olah raga cenah. Masing-masing dibere “access card” pikeun asup ka ruangan jeung panto unggal lantai. Lamun rek kalapangan anu ayana di Gurun, pakean “casual”, rereana make kaos meh ngeunah dipakena.
Harita persiapan rek indit ka Gurun duaan jeung ke Bule Canada, make dua mobil. Kuring samobil jeung ki Bule da manehna mah resep nyupiran, mobil nu kadua mawa perlengkapan, cai 40 liter, solar 40 liter, cai keur inumeun mah dina masing-masing mobil. “Desert Travelling Permit” anu masa berlakuna sabulaneun, radio jeung telepon satelit oge teu poho dibawa. Mobil jeep “four-wheel-drive”, maju ti heula, dituturkeun ku pick-up anu eusina dua urang supir Arab, Abdurahman jeung Abdusalam.
Teu kacatur dijalana da sarua wae caritana jeung anu saencana; kocapkeun geus waktuna dahar beurang jeung geus nepi ka lokasina Rig KCA-32, terus markirkeun mobil dina tempat parkir tamu, parkirna parkir mundur saluyu jeung aturan, gunana lamun aya bahaya kahuruan bisa langsung indit pikeun nyalametkeun diri ka tempat anu aman. Kusabab kuring mah nyemah kadinya teh da lain anu rutin digawe didinya, jadi ulah salah parkir kudu ditempat anu geus ditangtukeun.
Ti kajauhan keneh ari Rig mah pasti geus katingali da aya munarana, terus sakurilingna aya peralatan anu galede, jadi mun urang kadinya teh gandeng ku ngaguruhna sora mesin-mesin anu keur migawe pangeboran. Rig dioperasikeuna 24/7, hartina 24 jam sapoe jeung 7 poe dina saminggu alias non stop tea. Operasina Rig teu nyaho poe libur, euweuh perena sanajan kalenderna beureum oge.Di hiji sumur operasina Rig bisa nepi ka 3 bulan, saenggeusna beres terus pindah ka tempat sejen.
Salila Rig dioperasikeun, pagawena dibagi kana 2 shift, digawena di Rig mah enyaan pisan gawena teh sarta kudu dina kondisi prima; pikeun maranehanana mah beurang jeung peuting sarua sibukna. Jadi teu munasabah lamun dahareuna kudu aralus pikeun ngadukung kaperluan gawe anu beurat, istirahat kudu cukup, sare kudu tibra teu meunang aya nu ngaganggu. Lokasi “Camp”na biasana deukeut kana Rigna. Camp dilengkepan ku tempat dahar bareng anu disebut Mess Hall, tempat rekreasi anu disebut “Recreation Hall” atawa “Rec-Hall”, dapur anu lengkep sing sarwa canggih, tempat nyimpen dahareun mangrupa “Chiller”. Aya Kilinik oge jeung paramedisna. Jeung rea rea deui anu diperlukeun pikeun nunjang operasina Rig.
Campna masing-masing ngarupakeun “Portable Camp” atawa “Porta-Camp”, diwangun ku kotak kotak beusi saperti kontener. Dijerona dibagi 2 kamar sare jeung kamar mandina di tengah pikeun dipake ku karyawan anu sare di eta kamar. Aya deu anu dijieun tina bahan komposit anu hampang da bisa diangkut make Helikopter. Tiap tiap karyawan ditempatkeun dina akomodasi anu saluyu jeung tugasna atawa pangkatna dina eta Rig. Company Man salaku wakil Pausahaan anu nyewa eta Rig nempatan Kamar nu pangalusna nu aya didinya
Keur kaperluan lamun aya kaayaan darurat, biasana sok dilengkepan ku Helipad atawa Airstrip, pikeun transportasi udara. Lamun di Kalimantan mah biasana Helipad da transportasi udarana make “Helicopter”, tapi di Sahara mah da sapopoena make kapal udara “fixed wing” jadi rea Airstrip diditu didieu pikeun kaperluan pesawat leutik anu muat maksimum 20 an jalma.
Harita langsung muru ka Mess Hall, meja geus disadiakeun ditempat dahar “visitor”. Kakara ge gek diuk aya bule ti dapur anu make pakean koki: “Selamat siang pak, selamat datang di Rig KCA-32” cenah. Kuring rada heran naha aya anu ngajak ngomong Bahasa Indonesia. Ari heg teh ki Bule Chef kungsi lila digawe didaerah Muara Mahakam, Kalimantan Timur. Geus pindah-pindah Rig cenah nepi ka nu ayeuna teh. “Buat bapak saya masakin makanan khusus, ini ada nasi goreng”, cenah. Beu mani asa bungah pisan ditengah Gurun Sahara aya nu nyuguhan sangu goreng, asa-asa ngimpi.
Dina perjalanan mulang, nyimpang heula ka Rig Ensign-28 ngadon ngopi katut lalawuhna anu bisa milihan kusorangan naon anu dipikahayang, loba pilihana da saperti di Hotel berbintang disadiakeunana.
Kitu geuningan ari gawe dibidang migas mah, jig kamana jig kamana kudu wae panggih jeung anu bidang pagaweana sarua, jeung asa jadi raket lir panggih jeung dulur. Ditempat anu hara-haraeun “in the middle of nowhere” make kawenehan panggih jeung anu bisa Bahasa Indonesia, malah disuguhan daharna oge dahareun anu biasa didahar di imah. (Tamat).
Cinunuk, Ba’da Isyaa, 7 Juni 2024
Rachmat Sudjana
Komentar
Tulis komentar baru