Skip to Content

Bapa kuring, Kuring jeung Barudak.

Foto Rachmat Sudjana

Bapa kuring, Kuring jeung Barudak.

Saenggeusna indung kuring ngantunkeun, kuring sadulur dulur sapagodos pikeun neangan anu bisa maturan bapa, utamana meh aya batur ngobrol, batur pakumaha, anu bisa maturan bapa unggal waktu, lain gaganti indung kuring, tapi anu neruskeun tugas indung kuring geusan marengan kahirupan bapa sapopoe. Da geuning sanajan bapa keur aya di imah kuring, lamun bapa di kamerna nya angger sorangan, lamun dina peutingna aya nanaon anu tumiba ka bapa, tetep anu di imah teu nyaho da teu aya nu maturan di kamer bapa.

Kitu tah pamikiran sakabeh dulur kuring, jeung pamikiran kuring harita. Nya sarerea babarengan neangan saha anu pantes maturan bapa, anu sakira kira bapana bakal sapuk. Aya dua pilihan anu harita disodorkeun ka bapa, malah kungsi didatangan ka imahna anu beda kota; tapi bapa teu sapuk ka calon kahiji, da ceuk bapa teh ieu mah ngora teuing. Akhirna pilihan ka calon anu kadua da bapana satuju, sa lembur deui ongkoh, singketna mah diresmikeun wae bapa boga “pendamping” anyar.

Basa pamajikan kuring gering parna tapi masih keneh bisa komunikasi, pamajikan teh ngidinan kuring boga pamajikan kadua; tapi da kuring mah teu tega atuh, pamajikan keur gering heg kuring kawin deui. Harita aya dua babaturan anu sarua nasibna jeung kuring, ku pamajikanana sarua diidinan kawin deui, tapi ngan saurang anu kawin deui basa pamajikana keur gering. Anu hiji deui sarua jeung kuring ku teu tega tea, kajeun kabutuhan pribadi mah ditahan wae.

Waktu pamajikan geus teu aya dikieuna, babaturan jama’ah masjid nganasehatan supaya ulah nepika migawe  lampah dosa, kudu gancang neangan pamajikan deui, ambeh leuwih tenang ngajalankeun ibadah, geusan ngumpulkeun pibekeleun maot; kitu oge si cikal anu dipesenan ku almarhumah indungna, yen kuring ulah nepi ka dihalangan lamun arek boga pamajikan deui. Malah ustadz anu biasa ngajar barudak kuring ngaji, mere nasehat ka barudak supaya gancang gancang neangan anu neruskeun tugas indungna. Cenah ustadz oge boga pangalaman dulurna anu ditinggal maot pamajikana, dikawinkeun deui, qodarullah eta dulur ustadz teh panjang umur; lamun henteu sina boga pamajikan deui arek saha anu ngurusna cenah, da eta dulur ustadz Panjang umur nepika 83 taun.

Alhamdulillah atuh kuring oge barudak ngarojong kana niat kuring pikeun neangan anu neruskeun tugas indungna; sanajan mimitina mah barudak siga anu teu mikeun da nunda nunda wae waktu, sanajan geus aya sababaraha calon anu disarankeun ku dulur ti pihak kuring boh ti pihak almarhumah. Sigana kuring beda pamadegan jeung barudak, barudak mah leuwih satuju kuring nyorangan wae di imah diurus ku barudak gantian. Tapi kuring pan aya kabutuhan manusiawi anu teu bisa dicumponan ku barudak.

Sajeroning kitu, kuring tetep ikhtiar neangan “second opinion”, nanya ka babaturan anu leuwih senior boh anu boga pangalaman siga kuring, atawa ngan saukur diminta sarana wungkul. Shalat istiharah oge ku kuring dipigawe, neneda pitunjuk ti nu Kawasa geusan milih opsi pikeun neruskeun lalampahan ngeusian umur anu masih keneh aya bari nyiar pibatureun ngarah bisa babarengan ibadah nedunan kawajiban salaku jalma anu kumelendang di Alam Dunya; atawa kuring kudu tetep nyorangan katut ngajalankeun sagala risikona jalma hirup nyorangan.

Alhamdulillah akhirna mah barudak kabeh nyatujuan, sanajan rada beurateun oge diantarana, da ku kuring sabage kolotna barudak bisa ngarasakeun saha saha anu rido nyatujuan atawa anu kapaksa nyatujuan kulantaran nyaah ka kolot. Ayeuna hirup kuring geus leuwih ajeg, geus boga anu maturan, batur pakumaha lamun aya kasusah, batur anu nguruskeun kuring sapopoena utamana lamun kuring gering. Lamun ceuk barudak ayeuna mah aya batur curhat, da geuning karasa ku kuring jeung babaturan anu geus sarua “purna yuswa”, beuki kolot teh beuki baperan, rumasaan, gampang kasigeung perasaan; utamana ku barudak anu jadi anak kuring.

Cag heula.

Cinunuk, Ba’da Ashar, 15 Juli 2024.

 

 

Rachmat Sudjana

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler