Iteuk Baseuh.
Baheula basa keur di lembur sok mindeng ngadenge kolot tatangga anu mapatahan budak awewena anu mangkat beger, anu keur dideukeutan ku para nonoman di kampung eta, sok dipapatahan ku kolotna: “Ieuh nyai imah-imah mah teu kudu lahuta loba kahayang, cukup ku ieu wae: Imah pageuh, baju weuteuh, dahar seubeuh” ceuk indungna. “Iteuk baseuh, Sanyi!”, ari gorowok teh sora ma Ijah anu dapurna patepung sorondoy; “Cekeng ge mun hujan iteuk aki maneh kudu dikajerokeun, ari baseuh kieu teh sok leueur dina cekelana, bisi Aki maneh labuh”, cenah.
Tadi basa shalat Shubuh di masjid, iteuk anu disarandekeun kana tembok masjid, nambahan; anu biasana ngan ukur aya dua nyaeta nu kuring jeung nu ki Ahmad; ari ayeuna mah jadi lima, hartina geus aya limaan anu ka masjid na kundang iteuk. Geuning warga masjid anu rereana geus karolot teh nambahan anu mawa iteukna. Tetela warga masjid teh memang rereana karolot, ari nu ngarora na mah teu pati loba; barudakna wae anu sok leuwih rea dina mangsana shalat maghrib da rek dialajar ngaji.
Tadina mah anu rek diiteuk ka masjid teh ngarasa gengsi, asa geus kolot pisan ari kudu kundang iteuk teh, tapi saenggeusna aya nu ti kosewad dina pudunan ka masjid anu teu sapira sabenerna mah, geus dijieun tetecean ongkoh kuduna mah geus aman. “Matak oge tong kudu gengsi make iteuk ka masjid” ceuk salah saurang pamuda didinya, “Kuring oge mun geus siga Bah Olot mah, pasti di iteuk”, cenah. Bah Olot teh anu labuh ti kosewad dina tangga.
Kuring ngarasa ngeunah ari nyekel teteken teh, asa aman moal aya sato anu ngahalangan lengkah suku, sarupaning beurit atawa bangkong, kadang-kadang oray anu sok rajeun aya keneh di jalan liliwatan ka masjid, utamana mun poe keur poek, memeh shubuh atawa saenggeusna Isyaa. Ti iraha kuring resep mamawa teteken teh? Ti saprak dibejaan ku urang Palembang. Harita teh kabeneran keur aya tugas rek ngaroris fasilitas produksi anu pernahna disisi Walungan Musi, di kota Palembang. Turun tina mobil kudu leumpang dijalan anu becek tur leueur, kuring leumpang rada gagaleongan da milihan tincakeun ulah nincak nu leueur sieun ti soledat.
Keur leumpang apay apayan kitu, aya jalma urang dinya, anu biasa mamawa parang, meureun rek ka kebon manehna teh. “Sebentar pak”, cenah bari ngadek dahan kai leutik anu aya teu jauh ti dinya; singhoreng teh manehna mangnyieunkeun iteuk keur kuring. “Pakai ini, biar jalannya enak”, cenah. Enya wae geuning ngenaheun make iteuk teh, moal sieun ti soledat.
Sababaraha taun ti harita kuring aya tugas deui, ayeuna mah ka pabrik waja anu ayana di China, saluareun kota Beijing, Saptu jeung Ahad libur atuh aya kasempetan pikeun jalan jalan ka Tembok China, Istana terlarang, Bebek Peking jeung anu sejena. Tuan rumah geus di wanti wanti yen anu rek datang ka Beijing teh muslim anu ngan bisa dahar di Resto muslim anu dahareuna halal. Si bos na di Beijing henteu bisaeun Bahasa Inggris, manehna ngutus salah saurang staffna khusus keur marengan kuring salila tugas di Beijing. Manehna sigana geus apaleun kana naon anu dipenta ku kuring waktu masih keneh di Jakarta.
Basa datang, langsung dibawa ka Resto China muslim. Cirina teh naon, di Restona aya kaligrafi dibagean hareupna. “Ieu nya Resto anu dipesenkeun basa keur di Jakarta keneh”, cenah. Geuning loba Resto Muslim di China teh. Dua minggu didinya teu kungsi dahar di Resto anu sarua, isukna pindah deui ka Resto Muslim sejena. Dina poe Juma’ahna kira-kira sajam saencana waktu Dhuhur geus dianteurkeun ka masjid anu geus aya ti abad 19; masjid kuno tapi resik jeung artistik.
Sarua jeung di urang eusi masjidna ampir kabeh karolot. Malah disisi katuhu jeung kenca unggal shafna aya bangku permanen, pikeun sholat anu karolot bari diuk. Khutbahna teu ngarti da dina bahasa lokal; ngan babacaana wae anu dina Bahasa Arab siga diurang.
Nepi ka pabrik oge loba keneh anu teu bisaeun Bahasa Inggris, jadi kudu make penerjemah. Anu presentasi geus boga gelar Professor, tapi presentasina dina Bahasa China, terus diterjemahkeun ku asistena. Pertanyaan bisa dina Bahasa Inggris, tapi diterjemahkeun ku Staffna, terus jawaban dina Bahasa China diterjemahkeun keui ku staffna kana Bahasa Inggris. Kadang-kadang teu nyambung, pertanyaan ngaler, ari jawaban ngidul. Lieur..
Basa di Hotel, kuring aya kaperluan nanyakeun dimana ayana ari Money Changer nu aya dijero Hotel, nanya ka Resepsionis na. Sigep pisan manehna teh ngajawabna: “Tuturkeun kuring”, mun ceuk urang mah. Ari sugan teh enya rek dianteurkeun ka Money Changer. Ari heg teh geuning dibawa ka Duty Manager. Da ngan manehna anu Bahasa Inggrisna alus jeung lancar.
Kacaturkeun dina poe Saptuna kuring dianteur rekreasi, mimitina ka Great Wall heula, nyaeta tembok China tea. Loba anu ngajarugjug kadinya. Turun tina mobil disakuriling tempat parkir loba anu dagang cendera mata, diantarana iteuk alias teteken tea anu aya tulisan “The Great Wall” na. Model tetekena bisa distel panjang pondokna disaluyukeun kana kahayang anu makena. Istilahna teteken teleskopik cenah, bisa distel ukurana.
Pikeun naek kana tembok China aya sky-lift aya oge tangga. Engke dina luhur tembok chinana oge rea tanggana; jadi teteken anu anyar dibeuli langsung bisa dipake jalan-jalan didinya. Iteuk anu warna-warni, aya nu beureum, bulao, hejo, warna emas jeung warna perak, bisa milih warna anu mana anu dipika resep. Kuring milih warna bulao warna pavorit. Leuwih karasa gunana ayeuna iteuk teh, sanggeus lila kurang-leuwih dua belas taun ngan jadi hiasan wungkul dikamar kuring.
Isukna nerus ka Istana Terlarang; digerbang asup meuli tiket jeung audio set anu ngajelaskeun unggal tempat anu didatangan ku urang, aya tantara terracotta, jam matahai jeung ruangan-ruangan istana anu loba jeung lalega.
Iteuk anu meunang meuli jauh-jauh teh, ayeuna sering baseuh da ka masjid sok kahujanan, boh keur dipake leumpang atawa saukur disarandekeun dina tembok masjid, ari kahujana mah tetep wae baseuh.
Cag heula.
Islamik, Dhuha, 26 Mei 2024
Rachmat Sudjana
Komentar
Tulis komentar baru