Skip to Content

Kapten Indonesia ti Bandung

Foto Rachmat Sudjana

Kapten Indonesia ti Bandung

Anu rek dicaritakeun didieu nyaeta lalampahan kapten anu sok ngapungkeun kapal udara, khususna anu biasa ngapungkeun kapal anu teu merlukeun landasan udara, cukup ku ukuran lahan anu cukup keur helly-pad wae. Kapal udara eta  nyaeta “helicopter”, urang sebut wae “chopper”, atawa “heli”.

Di komplek imah tempat kuring cicing ayeuna unggal poe aya lalar liwat heli bogana bos Lippo, ngolecer luhureun imah ka wetankeun, atawa mun mulangna ka kulonkeun. Baheula mah mangsa keur dines meh unggal poe ngapung dina manuk beusi siga kitu teh, ayeuna mah kari waasna.

Di lapangan migas mah geus teu aneh ngagunakeun heli keur kaperluan explorasi atawa exploitasi, utamana dina mangsana tahun 1970- 1990 an di daerah Kalimantan Timur. Harita mah heli teh balatak, mun rek indit inditan disakuliah wilayah gawe tinggal datang ka heli-pad mawa sacewir kertas minangka tiketna, anu geus diteken ku atasan nu boboga wewenag. Lain bae keur transportasi pagawe, tapi barang barang oge di “sling-load”, digantung handapein heli terus dibawa ngapung katempat anu dituju. Kungsi kuring oge masang pipah waja pikeun saluran minyak; pipahna diakutan ku heli pikeun dipasang dina tempatna.

Atuh ka behdieunakeun heli oge dipake, dina tugas rutin kuring, pikeun “aerial inspection” mariksa jalur pipah ti luhur, bisi ayah tanah anu urug jeung sajabana, make heli Bolco anu leutik. Ayeuna mah inspeksi udara teh cukup ngapungkeun drone wae, jalma na mah teu kudu milu ngapung, cukup mantau wae dina layar monitor.  

Loba modelna anu dipake harita teh ti mimiti Bolco anu siga sedan, da panumpang katut pilotna jumlahna limaan, aya Sikorsky, Bell-212, Bell-412, jeung sajabana, atuh anu gede saperti Puma oge kungsi dipake. Makin gede ukuran helina, tambah gede angin anu disababkeun ku ayana kolecer di luhur anu gunana sabage jangjang manuk beusi. Atuh kolecer tukangna oge leuwih gede, supaya nahan sakabeh awak heli supaya ulah milu muter. Ceuk beja mah, cenah rotor atawa kolecer tukang teh mimiti kapanggih ku Igor Sikorsky urang Rusia.

Basa kakara gawe ka Balikpapan, mitoha anu memang asli baheulana urang dinya, sanajan harita geus lila pindah ka Jakarta, sering ningali kuring naek turun chopper, hayang cenah nyobaan kumaha ngeunahna tumpak manuk beusi. “Ke, urang taroskeun heula ka dunungan”, ceuk kuring. Derekdek ku kuring dicaritakeun niat hayang nedunan kahayang mitoha teh ka dunungan kuring harita anu pangkatna “Project Superintendent”, koboy Texas, anu ngomongna kasar, matak nyelekit anu ngadenge mun teu biasa mah; tapi si koboy Texas teh hatena mah lembut. “Ooh maneh teh nyaah pisan ka kolotnya”, cenah mun urang mah kitu. “Pek tah urus ka bagean Transportasi bawa memo ieu”, bari mikeun salambar kertas ka kuring. Singket carita mitoha kuring anu geus lila hayang nyobaan tumpak heli, alhamdulillah kalaksanakeun.

Mimiti kuring tumpak heli, pilotna Kapten Amerika anu veteran perang Vietnam.  Manehna mah nitenan unggal panumpang, lamun barudak ngarora kabeh, ngapungna sok nyieun manuver-manuver anu ampir bisa ngaluarkeun eusi beuteung urang. Biasana chopper mah ngapungna pan vertical heula nepika sababaraha belas meter luhureun taneuh terus ngapung kahareup lempeng katempat anu dituju, kitu kira-kira ceuk kuring mah biasana. Tapi si kapten Amerika teu mah kitu, ngangkat langsung manuver, atuh rada ngalenyap, tapi lila lila mah apal. Ari sugan teh jagoan udara oge jagoan di darat, tapi teu kitu geuning. Mun harita manehna mindeng ngajadikaeun kuring pias lantaran manuver manehna nu diluar sangkaan kuring, sugan teh reg ragrag da. Tapi kungsi oge kuring ngajadikeun manehna pias, dina Jeep anu disupiran ku kuring.

Sawatara taun ti harita si kapten Amerika teh aya perlu jalan darat ka Beulah kaler anu jauhna kira-kira 60 kilometeran. Jalan kadinya ayana dina wewengkon pagawean kuring, anu biasa ku kuring dilampahan unggal poe. Jalan taneuh anu becek jeung leueur, pungkal pengkol, turun naek, heureut, kenca katuhu tebing jeung gawir. Kuring mah pan kungsi dilatih ku Parusahaan kumaha carana nyupiran dina jalan saperti kitu, geus boga sertifikatna sagala. Sarua meureun jeung si kapten anu tangtuna boga lisensi ngapungkeun heli.

“Kapten, poe ieu kuring anu nyupirna mobil anu rek mawa anjeun ka kaler, ngaliwatan jalan anu biasa diliwatan unggal poe, tong salempang da kuring geus boga pangalaman anu mumpuni pikeun mawa Jeep four-wheels-drive ieu ka tempat anu dituju kalawan salamet”, ceuk kuring. “Ayeuna pasang seat-belt na”

Bismillah,… gerung wae mobil teh dipajukeun, mimiti na mah tenang-tenang wae tah si Kapten teh, da masih aya dijalan komplek anu sanajan taneuh tapi geus padet, sanajan dibatuan wungkul, jajauheun tina diaspal. Beuki jauh jalan beuki becek jeung geus mimiti nyorang tanjakan, pudunan, tikungan. Katingal si Kapten tipepereket nyekel kana handel dina dashboar, da kadang kadang mobil teu bisa lempeng jalana, nyangigir kakatuhu atawa kakenca nurutkeun konturna jalan, kuring mah tenang-tenang wae asal ulah ngadupak tebing atawa ngolesed kana jurang. “Bisi rek utah ceuk kuring teh, tah aya plastik wadah utah dina laci”. Kuring ngahaja mawa saperti anu biasa aya dina kapal udara.

“Hiji hiji, nya kapten, baheula kuring kungsi ampir utah, lantaran manuver heli maneh, ayeuna maneh anu hayang utah dina jeep anu disupiran kukuring”. Basa balik manehna henteu daekeun deui jalan darat; kajeun nungguan isukna aya Chopper anu bisa mapagkeun.

Basa jaman kahuruan leuweung taun 1982-1983 lalampahan ngapung dina heli mindeng kaganggu ku haseup, kuring jeung sabaraha urang babaturan anu harita  dipilotan ku Kapten India, kudu mendarat di Pamaguan da teu bisa neruskeun lalampahan kulantaran poek ku haseup. Paningal disakuriling bungking bodas wae ku haseup anu kandel, sarta urang sarerea kudu make masker siga basa jaman covid kamari. Tilu poe katahan ditempat ieu, unggal Tengah poe si Kapten India ngajak ngapung vertical heula kaluhur, ningal sakuriling bungking. Tapi masih keneh poek bodas, atuh turun deui, teu jadi ngapung. Kakara poe katilu si Kapten wanieun neruskeun lalampahan, cenah ceuk beja mah memang si Kapten India ieu rada borangan.

Tahun 1990 an Kapten Amerika jeung kapten India geus teu araya, kabehna geus diganti ku Kapten Indonesia. Harita basa kakara datang off ti Jakarta; sarombongan team gawe lengkep kakara mendarat di Sepinggan Balikpapan, salian ti team teknis lengkep, urang sebut wae, oge aya team kasehatan, dokter jeung para medis, tim transportasi udara, pilot jeung tehnisina jeung sajabana. Sakabehna bakal neruskeun lalampahan ka lapangan anu jauhna kira kira 180 kilometer; dibagi bagi dina sababaraha chopper.

Kapten Indonesia van Bandung, sebut wae kang Hazet, anu harita ngajalankeun tugas jadi Pilot anu mawa kuring saparakanca ti Balikpapan ka Lapangan. Geus siap ngapungkeun Helina; kuring kabagian tempat teh anu ngeunaheun pisan, nyaeta dina tempat paranti copilot. Geus mindeng kabagean diuk didinya teh ti jaman Kapten India keneh. “Do not touch any things”, cenah ceuk si Kapten India teh harita, oge ceuk kang Hazet basa kuring kabagean diuk didinya. Korsina  dieserkeun maksimal katukang, suku kuring oge moal nepi kana pedal nu aya hareupeun.

Kakara sababaraha menit ngapung, karasa Heli asa ngagibrig, vibrasi tea meureun. Kuring ngareungeukeun wae tina headset copilot, sigana mitigasina mesin anu ngagibrig teh kudu dipareuman. Alhasil Heli anu mesina dua teh kudu dipareuman hiji; hartina heli kudu mendarat darurat, sarta landingna kudu ngagulusur siga pesawat fixed-wings. “Moal bisa mendarat vertical, da muatan pinuh, bahan bakar oge pinuh, moal kuat ku hiji mesin”, ceuk kang Hazet.

Alhamdulillah, di hareupeun teu pati jauh ti dinya aya lapangan terbang Senipah, bogana Parusahaan minyak tatangga, anu harita masih keneh dicekel ku urang Perancis. Disabeulaheun landasan beton aya landasan jukutna, tempat anu ideal pikeun mendarat darurat heli anu ditumpakan ku kuring. Heli sigana ngurilingan heula eta landasan, bari kang Hazet nitenan tempatna pikeun mendarat darurat. Pas landing ngagulusur, diluar geus siap siap team Emergency, katingal aya mobil pemadam, sabaraha hiji ambulance, lengkep jeung team tanggap daruratna. Alhamdulillah sarerea salamet, berkahna katenangan sikep kang Hazet anu geus mumpuni jam ngapungna. “Skid-na wae anu bengai saeutik”, ceuk kang Hazet, teu aya karusakan fisik sejena ku alatan mendarat darurat.

 

Islamik, Ba’da Lohor, 25 Mei 2024

 

Rachmat Sudjana

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler