Skip to Content

Duduluran sasama pangsiunan dina mangsa purna yuswa.

Foto Rachmat Sudjana

Kawitan ku Bismillah, lakonan ku  Lillah,

pungkas ku Alhamdulillah,

Insya Allah Barokah

 

 

Kataji ku ki dulur anu unggal minggu ngiriman tulisan dina Bahasa Indonesia, eusina kaayaan kahirupan sapopoe dina mangsa kiwari. Asa kageuingkeun keur sare tibra aya nu noel ngahudangkeun, “sok atuh geura mimitian di ajar nulis teh. Bismillah wae atuh muka laptop, milihan judul anu kira kira saluyu jeung niat diajar kutrat kotret”.

 

Ki dulur lawas anu tos welasan taun jadi warga nagara Mang Sam, sabaraha kali “nagih”, mana cenah tulisan tehnik anu saluyu jeung kabisa anu kungsi dipigawe jeung ka alaman dina dunya minyak jeung gas. Nu ieu langsung ngabingbing nungtun kana lengkah naon wae anu kudu dipilampah dina mitembeyan nulis geusan bacaeun anak incu, malah mandar aya gunana pangalaman gawe baheula anu teu kurang pangorbanan kanu miilampahna.

 

Aya deui kidulur anu wanoh pisan kana tutulisan da manehna mah pangsiunan wartawan Tempo jaman tiheula. “Mangga cenah kang geura ngawitan nyerat, anon wae, engke ku abdi dibantosan ngedit na mah”. Mere motivasi wae eta kidulur teh.

 

Anak nu katilu, sababaraha kali meredih sangkan geura prak nulis, naon wae cenah. Ku jalan nulis urang bisa mindahkeun kasusah tina sirah kana keretas atawa kana laptop; bisa ngurangan bangbaluh anu jadi kabeungbeurat hirup. Dina mangsa urang beuki kolot kamampuan pikiran jeung otak keur nyimpen naon anu kudu di inget inget beuki kolot beuki ngurangan. 

 

Tah kusabab kitu bismillah wae, tret nulis, sugan jadi alat keur ngasah otak deui, bisi beuki lila beuki mintul, antukna mah jadi pikun. Pan urang mah hayang cageur jasmani jeung rohani, henteu pikun henteu pohoan.  Ayeuna tanda tanda pohoan teh geus aya, mun panggih jeung jalma teh sok rea pohona, inget rupa tapi poho ngaran, atawa apal ngaran tapi poho rupa; nu mana tah jalmana anu ngaran si A teh.

 

Bungah pisan aya babaturan anu sarua pangsiunan sok ngumpul unggal waktu anu geus dijanjikeun. Boh pangsiunan di tempat gawe anu munggarana atawa anu pangpandeurina, anu babarengan asup kana umur pangsiun anu mukim di sabudeureun Bandung Raya. Ngumpul jeung papada pangsiunan teh mere kagumbiraan anu mandiri, ngaleungitkeun kasusah, ngurangan kanyeri, malah bisa nyageurkeun sawatara panyakit.

 

 

 

Loba pangalaman anu bisa dipedar ku masing masing kidulur, pangalaman ngubaran panyakit boh ku operasi atawa ku anu disebut altenatif, silih bagi pangalaman. Tangtuna wae pangalaman si A anu hasil ku salah sahiji metoda ngubaran can tangtu bisa sarua hasilna jeung si B anu nyobaan eta metoda. Tapi ikhtiar mah pan kudu terus dijalankeun; cenah ceuk ajengan oge Allah teh maparin panyakit jeung oge ubar atawa cara kumaha kudu ngubarana.

 

Ayana grup WA oge mangrupa salah sahiji ajang silaturakhim antara sasama pangsiunan, silih bejaan ku hal hal anu aya patula patalina jeung kahirupan sapopoe urang dina ngajalankeun hirup pakokolot. Supaya jadi pangsiunan anu bagja ulah jadi pangsiunan anu menderita ku alatan teu bisa narima kana jalan kahirupan anu tos digariskeun ku Pangeran.

 

Sigana sakitu wae heula nya minangka bubuka; teu aya maksud mapatahan ngojay kameri atawa mapatahan lumpat ka kuda, ieu mah mung saukur kutrat kotretna pangsiunan anu neangan kasibukan supaya masih tetep aya mangfa’atna ulah nepika pikun memeh mangsana.  Hapunten basa anu dipake basa loma anu ilaharna, sanes basa Sunda lemes anu biasa dianggo sadidinten.

Cag heula engke disambung deui.

 

 

Cinunuk, Ba’da Shubuh; 27 April, 2024.

 

Rachmat Sudjana

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler