Lalampahan ka Gurun Sahara. (Bagean ka 2.)
Sarerea sempet bingung, mikiran kira-kira dimana muragna, “Hayu urang balik deui katempat anu tadi”, ceuk ki Supir Arab teh. Enya wae aya dina tempat nyalingker gigireun batu tea. Tapi kakara kapanggih telepon satelitna saenggeus opat jam lilalana nyaeta kuduna mah geus dua kali ngalapor ka Journey Manager. Meh wae dilaporkeun ka Jakarta yen anu duaan keur ka Gurun leungit kontak geus opat jam.
Geus ampir nepi kanu dijugjug kudu ngaliwatan tanjakan gunung batu anu kacida netekna; geus tilu kali, mobil nyoba naek, tapi teu hasil da nyorosod mundur deui teu kuateun nepi ka beak tanjakan, sababna kulantaran ngoper perseneleng dina tanjakan, mobil ngarandeg teu kuat naek deui, terus ngagolosor mundur deui. Sanggeus 3 kali gagal, ceuk kuring:”Okey urang istirahat sakeudeung, nginum heula”.
Sanggeus beres nginum, kuring pindah kana jok supir; ceuk kuring: “Bere kasempetan nyobaan sakali kuring anu rek nyetiran nepi ka beak tanjakan”. Eleh deet ki Supir Arab teh nyatujuan. Kuring anu nyekel setir pikeun naekeun mobil dina tanjakan eta. Perseneleng distel kana double beurat, asup gigi dua, mesin ngaguruh tapi terus ngeureuyeuh dina tanjakan, ceuk pangalaman kuring basa di Kalimantan, ulah ngoper dina tanjakan, kajeun diayap tihandap keneh make double beurat gigi dua. Alhamdulillah, nepi ka luhur teu mundur deui. Supir nu hiji deui nurutan siga kuring. Alhamdulillah nepi ka luhur.
Tabuh 4 sore kakara nepi ka anu dijugjug, ki Partner geus 2 jam nungguan; sanggeus panggih salila sajam, beres anu dipariksa, titik titik mana anu bakal dijadikeun “tie-in points” geus disaluyukeun jeung “drawing”; terus kuring oge nyieun potret potret situasi lapangan anu parenting pikeun laporan ka Jakarta.
Ki Partner pamitan ti heula da kapal capungna teu meunang ngapung peuting, kudu geus nepi ka “Field” na memeh poek. Atuh kuring oge sarua, mobil ngan meunang jalan ti beurang, lamun peuting mah teu meunang lumampah di gurun. Meunang jalan terus tapi kudu mapay jalan aspal anu nguriling teu bisa motong kompas siga inditna tadi. Dipariksa dina peta, geuning 60 Km kiduleun aya jalan aspal, inysaa Allah sajam mah bisa kajugjug da poekna kira kira jam genepan oge.
Alhamdulillah pas reupreupan geus nepi ka jalan aspal; kuring inget kungsi di wanti wanti ku urang NOC Libya, cenah usahakeun balik ka kota da lamun kapeutingan, suhu di Gurun tengah peuting dina usum harita bisa turun nepi ka 0 darajat, padahal beurangna mah nepi ka 56 darajat Celsius. Moal kuat cenah ari ngan ukur make “sleeping bag” wungkul mah.
Sanggeus badami jeung “Journey Manager” akhirna diputuskeun kuring duaan arek mulang mapay jalan aspal, sanajan peuting tapi pan di jalan aspal henteu ngaliwatan sagara keusik. Ki Journey Manager keukeuh teu ngidinan, basana teh lamun peuting tetep teu meunang jalan, kudu mondok di gurun; tapi kuring pan moal kuat sieun kabulusan dina suhu beku bari pakaian pan keur kaperluan lalampahan usum panas ti beurang. Inget kana pesen ki Sobat urang Arab anu di NOC, mending balik cenah; harita oge kira kira jam 07:00 geus karasa angin gurun mimiti tiis.
Angger anu teu ngidinan, da meureun ku sangkaan kuring manehna pan kudu standby terus kudu monitor salila kuring can mulang ka kota mah. Tungtungna manehna pundung, telepon dipareuman, keun bae lah da upama isukna ditanya ku dunungan kuring boga alasan anu kuat ka asup saran ti ki Sobat Arab NOC, anu manehna oge sadia mere referensi sarta katerangan lamun isuk dimasalahkeun ku Pausahaan.
Mobil geus maju deui mapay jalan aspal anu leucir dipandu ku GPS; da lamun siga di urang mah, loba Hotel dimana-mana, pastina kuring bakal mondok, cape deuih ongkoh. Tapi da di Gurun mah teu aya, teu siga di urang rea Hotel atawa Panginepan. Harita taun 2010, kuring oge geus mangsana umur pangsiun, tapi dibere tugas tambahan di “International Operations” bari jalan-jalan tiditu na mah.
Sanggeus sawatara lila mobil jalan, katingali ti kajauhan mobil anu tukang ngedim-ngedimkeun lampuna; wah aya naon yeuh mobil anu hiji deui. Ki supir geuwat malikkeun mobil balik arah ngajugjug mobil nu eureun. Beakeun solar geuningan, naha bisa nepi kosong kitu tengkina. Terus solar anu dina jeriken cadangan dicicikeun kana tengki mobil, ari dieusian ari nyurucud ti handap, da geuningan tengki na teh bocor, sigana keuna ku batu anu ngacleng basa dina jalan batu keneh.
Ayeuna mah mobil babaturan sina jalan tiheula, mobil kuring nuturkeun pandeuri da bisi mogok deui. Teu lila tidinya aya pom bensin, dieusian wae solar pinuh, 80 leter. Harga solar harita didinya Rp.750,- sa leterna, murah pisan nya da pan disubsidi ku pamarentahna.
Saterusna unggal aya pom bensin, mobil teh dieusian solarna, di itung-itung nepi ka Hotel geus lima kali ngeusian. Jadi tengki solar anu bocor henteu kaburu ditambal tapi dipinuhan wae, dimana manggih pom bensin eureun ngeusian heula solar. Lima kali ngeusi teh kurang leuwih aya sadreumeun, leuwih loba anu kapiceuna manan anu kapakena.
Aya oge ka hariwang sieun supirna nundutan, da geus ampir 20 jam manehna nyekel setir, ku kuring ditanya: “Kumaha carana supaya maneh teu tunduh”. Ari pokna teh asal diidinan ngaroko wae cenah dimana manehna ngarasa tunduh. Ku kuring dienyakeun, bae lah bau haseup roko oge, anu penting mah supirna ulah nundutan. Da pan mun manehna udud mah jandela manehna dibuka, jadi haseupna teu mulek ka kuring.
Ari supirna babaturan mah teu diidinan udud; manehna jalan ti heula nepi ka leungit di pengkolan; ari kasusul teh ki supir keur ngagoler dina aspal da teu kuat nahan tunduh cenah. Ditungguan nepi ka kira kira satengah jam; hudang, sibeunget, nginum, udud, terus ngadius deui mapay jalan anu kosong. Kitu jeung kitu wae manehna mah, lamun tunduh, eureun, tuluy sare dina aspal. Nepi ka aya kana tilu kalina eureun.
Nepi ka Hotel geus jam 04:00 shubuh, lalampahan salila 26 jam lumayan matak cape, poe harita mah teu ngantor, ngagantian sare wae di Hotel. Isukna kakara ngantor bari nyieun laporan perjalanan jeung nyieun jastifikasi kunaon sababna peuting-peuting masih lalampahan dijalan. (Hanca).
Cinunuk, Meh Maghrib, 4 Juni 2024
Rachmat Sudjana
Komentar
NOC
National Oil Corporation
Tulis komentar baru