Skip to Content

Nu kungsi mere harepan. Bagean ka-2

Foto Rachmat Sudjana

Nu kungsi mere harepan. Bagean ka-2

Awal taun 2011 kaayaan beuki harengheng, di jalan geus pabaliut tangtara lalar liwat; lain wae tangtara nasional nagara tapi tangtara anu teu make saragem oge rea. Aya sanjata beurat anu ngadangong dina mobil pikeup; rea jalma anu marawa bedil AK-47, tegesna mah kaayaan beuki pikasieuneun. Kulantaran kitu nya taki taki wae pikeun gancang mulang ka Indonesia.

Kuring jeung sababaraha babaturan mulang kaasup kana rombongan munggaran anu mulang ka Indonesia, kitu deui ki bule Vancouver Canada geus mulang. Teu lila ti harita, bulan February 2011 mimiti kajadian tembak tembakan antara pasukan anu barontak jeung pasukan nagara anu melaan Muammar Khadafi, anu geus 42 taun lilana jadi Pangawasa Libya. Bulan Oktober Khadafi jeung pangawalna kadesek di kota kalahiran Khadafi, Sirte; saterusna Khadafi gugur dina pemberontakan eta.

Babaturan bule Toronta Canada, kabagean mulang saentasna Khadafi gugur. Jalma-jalma harita ngumpul di Lapangan Terbang Tripoli, anu geus euweuh Listrik jeung cai. Bisa kabayangkeun kumaha harenghengna harita, di tempat anu panas, euweuh Listrik, euweuh cai, euweuh dahareun, geus leuwih ti 24 jam nungguan kapal terbang anu ngajemput. Ki bule Toronto harita masih keneh boka bekel roti, anu kumanehna dicokot hiji, sesana dibagikeun ka anu sejen anu sarua pada lapareun. Na da eta mah roti pangegelan anu keur dicekel kumanehna, ari kedewek teh aya nu ngarebut, langsung dihuapkeun ku jalma nu kalaparan eta, sigana mah urang Mesir da sarua papada nungguan nu ngajemput ti nagarana masing-masing.

Bulan November, kaayaan masih keneh harengheng panas, hawa perang masih keneh karasa; tapi kuring aya tugas pameredih ti Pausahaan pikeun mereskeun naon-naon wae anu masih keneh aya di lapangan; da pan basa kajadian perang teh aya dua Rig anu masih keneh operasi. Mimiti na mah rada merod, naha kudu asup ka kancah pangperangan, asa haroream pisan. Tapi nilik dina kaayaan Pausahaan anu kudu ngirim kuring jeung ki Koyo ka Libya harita, terus ditukangeun tugas teh aya asuransi jiwa anu disadiakeun ku Pausahaan, anu jumlahna cukup jeung kaharti pikeun ninggalan kulawarga kuring di Jakarta lamun kuring teu balik deui.

Sanggeus dipikir di bulak balik, terus migawe shalat Istiharah sababaraha kali, neda pitunjuk anu pangsaena ti Allah. Bismillah wae, niat jihad nyiar nafkah pikeun ngabelaan kulawarga. Katambah deui ki dulur anu jadi pilot Utama Khadafi anu basa kajadian keur aya di Bandung; geus ngapung ti heula caringcing di pulo Malta, anu ngarupakeun nagara Merdeka, tempatna kalereun Libya. Kajadian eta nambahan wawanen kuring.

Tangtuna kuring jeung ki Koyo geus sapuk moal ngabejaan ka kulawarga masing masing yen rek indit ka Libya, bebeja na mah rek ka Mesir atawa Tunisia nagara tatangga Libya. Tangtuna lamun terus terang mah kulawarga moal ngidinan: “Arek naon cenah, rek nganteurkeun nyawa”?

Sanggeus niat gilig, mimiti wae neangan pesawat anu masih keneh ngapumg ka Libya. Maskapai anu biasa dipake ka Tripoli saperti Etihad, Emirates, Qatar geus euweuh penerbangan ka Libyana, geus tarutup. Tinggal anu masih keneh aya teh Maskapai Jerman, LF, Lufthansa jeung maskapai Mesir, Egypt Air, anu keur nga evakuasi pagawe pagawe Mesir anu aya di Libya. Akhirna milih Egypt Air da LF mah nguriling teuing kudu transit di Frankfurt, Jerman.

Pasualan liana teh nyaeta Egypt Air euweuh ruteuna anu ti Jakarta, ayana anu pangdeukeutna teh ti Bangkok, Thailand. Atuh kuring jeung ki Koyo kana Garuda ti Soetta ka Bangkok, naek dina kelas bisnis sakumaha biasana, da Pausahaan merena kelas bisnis pikeun penerbangan ka luar nagri. Nepi ka Bangkok pamariksaan kaamanan ketat pisan, masing-masing kudu ngaliwatan “X-ray Inspection Cylinder”, sina ngajega didinya bari nulak cangkeng, terus silinderna muter. Anu mawa naon wae anu aya dina awakna pasti kanyahoan, sanajan anu disupkeun kana jero beuteung, pan sok aya anu nyulundupkeun narkoba anu diteureuy. Akurasi mesina alus pisan.

Kaluar ti dinya, ka Pabean pamariksaan dokumen perjalanan: Passport jeung Visa tempat tujuan; alhamdulillah kuring lolos; tapi… ki Koyo ditahan teu meunang asup. Kuring kaluar deui nyampeurkeun petugas anu mariksa ki Koyo: “Kunaon teu meunang asup, pan dokumen perjalanan kuring duaan sarua?”, ceuk kuring ka patugas. “Beda, dokumen batur maneh mah teu lengkep”, cenah. Bari menta passport kuring, terus dibukaan unggal lambar anu aya tulisana; ari breh nepi lambaran pangtukangna dina passport kuring mah aya terjemahan tulisan jeung Bahasa Arabna; duka kunaon ari nu ki Koyo mah lambarana eta teh kosong. (Hanca)

 

Cinunuk, dhuha, 17 Juli 2024

 

Rachmat Sudjana

 

 

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler