Kebon Buleud.
Kamari basa dina lalampahan ti Jakarta ka Bandung kana Kareta, ngaliwatan Kota Purwakarta anu ngabogaan cagar budaya anu ngarana Situ Buleud, anu rame pada ngajarugjugan da loba atraksi anu narik perhatian publik, diantarana aya Air mancur Sri Baduga, Galeri Wayang Purwakarta, Bale Indung Rahayu, Bale Panyawangan Diorama Nusantara, jeung sajabana. Atuh kuliner na oge rea, saperti sate maranggi, soto Sadang, hayam sambel hejo, es ciming, peuyeum bendul jeung rea deui anu sejena, pikeun ngogo para wisman anu daratang ka Purwakarta.
Ras wae inget jaman taun 2010 lalampahan ka Libya di Afrika anu sabagian gede diwangun ku sagara keusik anu teu aya cinyusu atawa sumur caina, komo deui walungan atawa irigasi mah teu aya pisan. Tapi rahayatna aya anu tatanen sayuran nepika teu perlu impor ti nagara sejen. Cara tatanena nyaeta ngawangun kebon anu baruleud. Lamun ditingali tiluhur, basa ngaliwat kadinya dina kapal udara, saamparan taneuh na teh pinuh ku buleudan buleudan kebon. Unggal buleudan legana aya kana 50 hektarna; unggal tempat bisa aya kana duapuluhan buleudan.
Naha geuning bet dijieun kebon baruleud? Singhoreng mah ngarah gampang nyiramkeun caina katut mupukna. Di gurun, srangenge aya unggal poe, kebon kebon atawa tatangkalan alami, jaradina dina lahan anu aya cai, anu disebut wahah atawa oase. Kukituna, lamun urang bisa nyadiakeun cai di gurun tangtu pisan tutuwuhan bisa dipelak kalawan alus hasilna.
Di Libya pan geus diwangun walungan dina jero taneuh anu ngamalirkeun cai ti tengah gurun ka kota kota di basisir Laut Mediterranean, saperti Tripoli, Benghazi, Misratah, Sirte jeung nu sejena. Naha di gurun bet aya sumur cai? Enya aya situ anu gede nu ayana handapeun Gurun Sahara, jerona 500 meteran, anu asalna tina cai anu kakurung dina kajadian geologi rebuan taun katukang, cai anu ngarupakeun “air yang tidak terbarukan”, moal bisa diganti ku cai hujan, da teu aya hujan didaerah eta mah.
Kebon buleud teh bisa disebut irigasi anu nguriling (“pivot-irrigation”), da aya paralatan anu dipasang dina hiji jari-jari kebon buleud, anu muter sakuriling kebon, bari nyemprotkeun cai kana lahan. Masing-masing tutuwuhan anu aya dikebon eta kagiliran kasemprot cai unggal 24 jam sakali.
Irigasi nguriling anu kakara aya dina taun 1948 ku jasana saurang patani asal Nebraska, nagara bagian di Amerika Serikat, anu ngarana Frank Zybach, anu dipatenkeun dina taun 1952. Ku jasa manehna akhirna irigasi nguriling jadi leuwih maju pikeun ngaronjatkeun hasil tatanen kalawan cara jeung modal anu efektif.
Di Libya, cai dikamalirkeun dina kuluwung anu disebut walungan jero taneuh, anu ngaliwatan lahan-lahan anu rek dikebonan. Ditempat dimana bakal dipasang kebon buleud, dijieun sambungan pikeun ngaluarkeun cai tina walungan jero taneuh tea. Terus dipasang sambungan mangrupa pipah leutik anu tungtungna aya dina puseur buleudan, tipuseur buleudan ieu cai dipapaykeun sapanjang jari-jarina kebon ngaliwatan batang batang beusi anu disebut “spans”. “Spans”disangga ku batang beusi sejena anu disebut “Tower”. Dibagean handap “Tower” dipasangan gilinding atawa ban ngarah bisa muter kalawan lancar.
Peralatan anu diperlukeun pikeun ngahirupkeun kebon buleud aya nu ngajual kalawan lengkep malah kaasup masang jeung parawatan dina mangsa operasina. Aya sababaraha Pausahaan di Libya anu museur di Tripoli, kota panggedena sakaligus jadi ibu kota nagarana, anu nyadiakeun kaperluan eta. Arek melak naon wae di Kebon Buleud pasti jadina, da aya cai anu cukup, siga tutuwuhan anu kahujanan unggal poe, ngemploh hejo. Dina mangsana panen anu bisa terus terusan teu aya petotna, da unggal buleudan mangsa melak jeung panena diatur euweuh nu sarua; jadi kebon kebon teh bisa panen salilana.
Hanjakal nagarana geus sababaraha taun ieu ngagolak ku perang antara suku jeung suku, anu didalangan ku pihak luar anu boga kapentingan pikeun nyokot hasil tina sumber daya alamnya mangrupa gas alam jeung minyak bumi.
Cag heula.
Cinunuk, Ba’da Dhuhur, 1 Juni 2024
Rachmat Sudjana
Komentar
Tulis komentar baru