Pajaratan
Srangenge nu mabra di madyagantang
Katutup ku langit jeung haseup
Ngaragragkeun cihujan rendeng nu munggaran
Kuring nyuuh na taneuh astana
Emut ka impénan haté nu geus mulih ka nu maha kawasa
Kuring kaduhung teu bisa ngabagjakeun haténa
Kuring mamaras nguciwakeun dirina
Kuring teu kawasa nenjo samoja dina pajaratanna
Gusti na kamana impenan hate nu satia
Na kamana pangdedeul hate nu taya bandingannana
Astana nu misahkeun anjeunna
Pajaratan nu pinuh ku samoja......
Majalengka, 18 januari 2015
Ferdina husdianto
Komentar
Tulis komentar baru