Pataros jeung waktos nu lawas tilar
Patali jeung wanci tina jangji nu geus teu pasini
Dumasar kana Perkara katresna nu beh ditu karasa duriat beh dieuna
Kiwari nyangreud pageuh palebah bilik sukma nu rumasa karasa
Rajeun ngalangkang ngalayang ngawang-ngawang dina lawang panto kasono
Kukurilingan belah ditueun hate leutik nu keur ceurik ngageunggeuik
Manggul-manggul bagja harita nu tinggal sesa-sesa carita
Ti isuk maju ka peuting beh dituna mongkleng kacida poek
Ti bulan mapay-mapay mang taun-taun laun-laun jadi emutan
Ti hareup nepi katukang ngalangkang hiberna hate ngambang
Ti belah ditu nepi ka belah dieu karasa wanci ka wanci kiwari geus lain deui
Perkara eta moal kitu wae leungit ngiciprit najan saeutik
Salawasna moal robah sapapanjangna moal ingkah
Satia nu harita diagung-agung sagede gunung
Kiwari leutik pisan dina bolototna soca, ampir-ampiran teu katinggali
Nyicingan buruan ati anu paling jero teu katempo
Lantaran pisan jero
Komentar
kang ku abdi copas nya.
kang ku abdi copas nya. tenang modal tinggaleun sumber :)
Tulis komentar baru