Skip to Content

Surat keur A Jeje

Foto Rachmat Sudjana

Surat keur A Jeje

Asa geus lila pisan urang teu papanggih, asana mah basa keur aya keneh Covid, da harita komunikasi teh liwat Zoom, samemeh eta urang kungsi patepung lawung di imah Akang; duka iraha urang bisa pa amprok jonghok deui. Sabenerna mah asa perlu pisan panggih jeung A Jeje teh, kahiji kusono geus lila teu silaturakhim, atuh kaduana mah aya anu rek dibadamikeun, tegesna mah arek menta saran ku kaayaan Ice, ka pi Alo ti Sumedang.

Ice teh digedekeun ku indungna wungkul ti mangsa umur 4 tahun; da harita bapana teh indit ninggalkeun indungna, --kusabab alesan godaan kadunyaan-- manehna jeung adina orok anu kakara dilahirkeun. Jadi maranehna hirup tiluan dibayuan ku indungna anu ngarangkep tugas oge jadi bapa, istilahna teh Indung Tunggal tea meureun.

Indungna tisruksruk tidungdung neangan nafkah geusan ngabayuan dua anakna, ceuk paribasana suku dijieun hulu, hulu dijieun suku. Indit rebun-rebun balik ka imah sakeudeung ti beurang, terus indit gawe deui jeung mulangna geus poek, kitu tah pangorbanan indungna sangkan barudak bisa dahar, bisa make jeung bisa sakola. Da ti anu jadi bapana mah teu aya pisan kaingetan, tara nanyakeun-nanyakeun acan. Tapi ari poe Ahad mah dikhususkeun ku indungna pikeun babarengan jeung barudak, “quality time” tea meureun, disebutna sanajan babarengan ngan ukur saminggu sakali, tapi ngabogaan kwalitas, harepana bisa ngaganti waktu anu leungit dina poe gawe, da panggihna ngan saukur sakeudeung-sakeudeung.

Kiwari Ice jeung adina geus digarawe masing-masing, Ice digawe di Jakarta, ari adina mah maturan indungna di Bandung.  Target indungna nyakolakeun nepi ka SMK, terus nareangan gawe bari dibantuan ku indungna manglamarkeun, mantuan nulis jeung ngirimkeun surat lamarana, oge nganteur wawancara. Ice geus digawe ampir 6 taun, adina anu beda umurna 4 taun, ayeuna geus digawe ampir 2 taun. Cita-cita indungna engkena barudak teh bisa karuliah kalawan bisa neangan biaya mandiri.

Aya hiji hal anu arek dibadamikeun jeung A Jeje, nyaeta eta sikep Ice ka indungna, manehna ngarasa kurang perhatian ti indung dina mangsa sakola, indungna jarang di imah; padahal pan indungna neangan nafkah geusan ngabayuan manehna jeung adina. Kitu deui dina milih jurusan basa sakola di SMK, padahal ayeuna digawena teh pan make Ijazah SMK Farmasi pilihan indungna. Dina pikiran manehna mah naon-naon anu diusahakeun ku indungna pikeun kaperluan manehna sok dianggap salah atawa kurang. Sikepna sok mindeng nyalahkeun kolot, sigana loba kapangaruhan ku babaturana diluar. Leuwih percaya ka batur tinimbang ka indung. Sikepna ka kolot haok polotot, dianggap indung teh bodo, padahal pan indungna mah Sarjana, lain ngan saukur lulusan SMK.

InsyaaAllah, aya niat rek ngajak Ice ka A Jeje, rek menta dinasehatan sarta dipapatahan dina sisi kajiwaan, da pan A Jeje mah ahlina. Supaya eta budak teh ulah sok nyalahkeun kolot wae, usaha kolot teh sok dianggap euweuh, sakapeung sok kurang ngahargaan, nganggap ka indung teh kepo, jeung teu nyaho nanaon. Ice ngarasa indungna kurang perhatian da pan indungna teh digawe pikeun ngabelaan manehna, tapi manehna ngarasa mindeng ditinggalkeun ku indung.

Tah kitu A Jeje minangka badaratna mah samemeh Akang ngajak Ice jeung indungna manggihan A Jeje di Bogor; pang mapatahankeun eta budak teh bisi jadi budak anu doraka ti kolot da ari A Jeje mah pan akhlina dina mapatahan barudak ku jalan kajiwaan sarta anu bisa dipikaharti ku budak kalawan bisa diturut.

 

Islamik, Dhuha, 22 Juni 2024

Rachmat Sudjana

 

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler