Skip to Content

Surat keur ki Adi

Foto Rachmat Sudjana

Surat keur ki Adi

Lamun ki Adi maca surat ieu mudah-mudahan geus cageur jeung sehat deui; sanajan urang paanggang da ari do’a jeung kainget mah angger nganteng teu aya pegatna. Urang can bisa patepang paamprok jonghok saperti biasana, tangtuna oge Allah can ngawidian inti na mah; da mun Allah ngawidian mah teu aya nu teu mungkin, mungguhing Allah mah; pasti urang baris patepang jeung babarengan deui.

Kahayang mah salila Adi gering hayang maturan, lain ari rek mantuan ngurus mah da Akang oge uruskeuneun nu ngarora; ngan hayang katingal kumaha kaayaan anu saenyana, mun gering teh atuh katingali fisikna, mun ngabegangan atuh jadi sakumaha langsingna, lengkah-lengkahna atuh hayang ningal tadi na mah; naha mun leumpang masih keneh ajeg atawa rada moyongkod kulantaran nahan kanyeri. Rasa kapanasaran ieu ngan ukur bisa kajawab lamun urang patepung lawung paamprok jonghok tea.

Pipikiran ngoleang ka jaman katukang, mangsana urang babarengan hirup di kampung. Sainget Akang di imah teh urang ngan opatan, enya ge urang teh loba lanceuk da pada sarakola jeung kuliah di kota, nya di imah teh sapopoena ngan urang duaan, Akang jeung Adi, ditambah indung bapa urang.  Akang mah ngarasa ngan boga Adi wungkul sapopoena jaman harita teh, asa jadi anak cikal jeung boga Adi hiji.

Ki Adi anu ti keur leutik ririwit, mindeng gering, nepi ka pangawakan leutik pisan, hese dititah dahar. Teu mustahil atuh lamun kolot urang harita kacida hariwangna ningali kaayaan ki Adi kitu; inget ka lanceuk urang anu maot masih balita. Hal ieu sok ditepikeun ka Akang, sieun ki Adi oge ngalaman nasib siga kitu. Kusabab kitu meureun kanyaah Akang ka Adi sarua jeung kanyaahna indung urang ka Adi.  Akang mah geus biasa ngelehan kalawan sadar, dina dahareun khususna keur ki Adi mah sok disadiakeun gepuk salilana, ngarah aya gizina. Akang mah cukup ngadahar mun dina poe kahiji, satuluyna mah Akang kalawan sadar, tara hayang dahar gepuk deui, cukup keur Adi wae.

Basa Akang geus mimiti sakola, sok aya babaturan anu mere dahareun; da akang mah tara tega dahar sorangan, pasti dibagi dua, sesana disakuan keur ki Adi di imah. Mindeng poho nyakuan dahareun keur ki Adi, kapanggihna ku indung urang lamun baju Akang diseuseuh, aya dahareun garing dina saku kameja atawa saku calana.  Hiji poe Akang dibere tugas ku bu Guru, sanggeusna beres Akang dijajanan baso. Hadena harita ki Adi keur dibawa nyaba ka Bandung, da mun keur aya di imah, Akang moal bisa dahar baso sosoranganan.

Mangsana ki Adi asup kelas hiji, Akang mah geus kelas lima; balik sakola mindengna mah digandong ku Akang da ki Adi mah nyeri suku. Kungsi basa jalan jalan ka Talaga Warna, ki Adi digandong ku pa Kepsek; hebat henteu aya Kepsek ngagandong murid? Naha bisa pa Kepsek ngagandong murid? Enya, da si Asep anak pa Kepsek geus tiheula digandong ku Akang. Mangsana ki Adi nyeri suku, Akang keur ngagandong si Asep; atuh pa Kepsek teh eleh deet cingogo hareupeun ki Adi anu mugen teu bisa leumpang: “Sok kadieu diakod ku bapa”.

Mangsana mimiti kuliah ka Jogya akang jeung ki lanceuk nu awewe nganteurkeun ka Jogya, mondok di Hotel Meurakaca, meureun geus euweuh ayeuna mah atawa geus ganti ngaran. Di Jogya euweuh tuturkeuneun, aya oge ka pi bibi, tapi pan jauh di Sleman Selomartani, ki Adi kos didaerah Semaki. Keur kaperluan kuliah, kolot urang mangmeulikeun motor, mun teu salah mah Honda CB 100, taun 1970, motor urut. Basa Akang tugas di Cilacap taun 1978, ki Adi ka kosan Akang di Cilacap kana motor; sakalian motorna turun mesin di Cilacap. Rengse turun mesin motorna gres deui; malah akang milu dibonceng ti Cilacap ka Jogya. Eta pangalaman anu pang paurna da ki Adi ngebut mawa motorna, mani asa jeger asa jeger wae diadu jeung mobil batur.

Taun 1982 atawa 1983, ki Adi kungsi milu ka Akang digawe di Kalimantan Timur; harita teh ngan saukur gawe panyelang, jadi Sub Kontraktor dilapangan. Kungsi ditanya ku atasan Akang: “Apa rencana kedepannya buat adik kamu”. Da mun harita ki Adi teh Sarjana Tehnik, geus aya slot na di Perusahaan tempat Akang digawe. Inget harita anu paling “berkesan”, urang kungsi dahar sangu sabungkus kuduaan, ditempat anu haraharaeun, anu jauh kaditu kadieu, di pangumbaraan anu lieuk leuweung lieuk lamping, jauh kasintung kalapa.

Alhamdulillah urang geus bisa ngaliwatan masa masa sulit duaan. Ayeuna mah kari cageurna, sing sehat deui, ambeh urang bisa jalan jalan deui siga anu sabaraha taun ka tukang, urang babarenagn ka Surabaya, Malang jeung Jogya. Pan urang teh kungsi ngarencanakeun hayang naek kapal pesiar ti Surabaya ka Lombok jeung NTT. InsyaaAllah, mun diwidian ku Allah mah baris tinekanan. Aamiin yaa Allah.

 

Islamik, Ba’da Isyaa, 16 Mei, 2024

 

Rachmat Sudjana

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler