Ikhlas Abdi Ridho Gusti
sirit uncuing ngabanginging boa-boa mere beja
mapag kula kudu miang ti dunya
ninggalkeun surga ninggalkeun naraka
balik ka yang widi mulang ka anu kawasa
geus lumrah jadi patokan
hirup katungkul ku pati
teu beunang dihayang-hayang
teu bisa diembung-embung
mangga gusti bade enjing bade pageto
abdi ikhlas anjeun ridho
202008021141 Kotabaru Karawang
Komentar
Tulis komentar baru