Putri Kapolsek
Taun 1961, di hiji kampung anu rea jalmana, tapi SD kakara aya didinya taun eta. Saencana lamun hayang sakola teh kudu leumpang jauh kira kira 7 kilo meter, turun ka lebak, ari balikna pasti kudu nanjak, jaman harita mah di daerah kuring eta can aya angdes atawa oplet anu maranti. Ayana ngan treuk perkebunan anu ngaliwatna sakali isuk-isuk mapagkeun tukang metik enteh, atuh sorena nganteurkeun balikna.
Poe kahiji asup sakola, sakelas eusina 60 murid, diukna sabangku opatan.
Kulantaran SD kakara aya taun harita didinya, atuh murid-murid na oge rea nu geus darewasa. Kwartal kahiji geus aya budak awewe nu eureun sakola lantaran kawin. Ti dinya terus murudul nungtutan kalaluar nepi ka kelas 6 teh ngan kari 20 murid.
Mangsana geus deukeut kana waktuna ujian akhir, ditanya deui ku guru teh, saha anun rek neruskeun ka SMP; ngan aya 10 urang. Sesana mah ngarasa cukup ku boga ijazah SD oge. Ujian diayakeun di kota kacamatan, anu kira kira 10 km jauhna.
Sanggeus nunggu sababaraha minggu, geus kaluar pangumunan hasil ujian, anu lulus teh ngan duaan tina 10 urang. Jadi awal taun kelas 1 aya 60 murid, nepi ka kelas 6 tinggal 20 urang, anu 10 milu ujian akhir anu lulus ngan duaan kuring jeung Neni, si putri Kapolsek, da bapana pan jadi Kapolsek didinya.
Kabiasaan didaerah kuring ieu, lolobana karawin ngora atawa lebih pas karawin budak-budak; jadi mindeng kajadian kawin cerai. Aya kajadian kieu, batur sakelas kuring ngarana Damin kawin ka Mae. Terus Atung kawin ka Emi. Sababaraha taun ti harita Damin jeung Mae pipisahan; kitu deui Atung jeung Emi. Naha atuh ari kuring kadinya deui, nganjang ka imah Damin, ari pamajikana teh Emi, popotongan Atung. Jadi siga nu tukeuran pamajikan, ayeuna Damin jeung Emi; Atung jeung Mae. Lieur nya…
Neni, umurna leuwih kolot ti kuring, teu pamohalan lamun pamikirana leuwih dewasa, ka behdieunakeun kuring kakara sadar yen Neni teh boga harepan anu leuwih ka kuring, aya hate kadua leutik. Kuring anu pipikirana budak keneh, henteu sadar yen Neni jeung kulawargana merhatikeun pisan ka kuring. Kolot Neni geten ka kolot kuring sok mindeng barang bere dahareun boh oleh-oleh. Atuh kuring sok mindeng diajak nyaba ku kolot Neni, alesana ngabaturan, da pan Neni mah anak tunggal. Jadi mun indit-inditan teh opatan siga nu boga anak dua.
Lamun kuring migawe soal dihareupeun kelas, manehna cenah sok ngarasa reueus. Basa kelas 5, guru di Sakola kuring ngan duaan. Carogena pa Kepsek jeung istrina bu guru, panganten baru anu dibenum ti daerah sejen ka daerah kuring. Mangsana bu guru ngalahirkeun, kuring dibere tugas ku pa Kepsek. “Lamun bapa tabuh 7 can datang, maneh kudu ka imah bapa nya”… Meh unggal poe bu guru nu keur orokan teh nyababkeun pa Kepsek telat ka sakola. Neni minangka time keeperna: “Jam 7 cenah hayu urang ka pa Kepsek”.
Pa Kepsek, mere tugas ka kuring: “Ieu cenah soal keur kelas 1, tuliskeun dina bor; keur kelas 3 nu ieu; keur kelas 5, pilihan wae ku sorangan anu maneh bisa; pan engkena teh, kuring kudu migawe soal eta dihareupeun kelas. Harita kelas2, 4 jeung 6 arasup beurang.
Teu kungsi lila aya pa guru anyar, ngajarna isuk-isuk ka asup ngajar kelas 5 kelas kuring. Pa guru teh boga lanceuk anu muka Resto lumayan rame, bukana ngan ukur poe Ahad jeung mun aya poe libur kalender beureum.
Pak guru nyarita ka pa Kepsek, perlu pagawe anyar keun wae budak sakola oge anu bakal dibere tugas jadi kasir, kudu pinter ngitung jeung alus tulisana.
Pa guru oge ngumumkeun dikelas langsung, saha cenah anu sanggup bakal di tes heula ku bapa. Neni, pangheulana ngacung, bari nyebut ngaran kuring. Kuring ge dina hate mah ngarasa siap, pan kana ngitung mah kuring teh resep, atuh tulisan nya lumayan matak sok di titah nulis dina bor oge. “Engke geus beres kelas di tes ku bapa nya, da pak Kepsek oge sarua, kamu anu disarankeun teh”.
Basa kuring di tes, Neni nungguan diluar. Pa guru ngadiktekeun dahareun anu dipesen ku tamu, jeung menu anu geus aya daftar hargana. ”Jieun bon cenah”; langsung ku kuring ditulis dina bon, diitung hargana dijumlahkeun, dipariksa deui bisi aya nu salah atawa kurang, terus dibikeun ka pa guru. “Wah bener saran ti pak Kepsek, poe Ahad mimiti gawe nya, ditungguan ku bapa jam 9 di Resto Segar Alam”.
Neni mani jingkrak ngadenge kuring katarima digawe teh, jadi ti keur kelas 5 keneh kuring mah geus bisa neangan duit sorangan. Lamun kuring digawe, Neni sok api api ulin jeung baturna, sok katingal ku kuring. Kakara nyaho pandeuri sing horeng manehna teh nyerangkeun kuring ti peuntaseun Resto.
Nincak bulan kadua, aya tamu anu neangan roko da di Resto eta teu ngajual. Ari ceuk ceu Ulan teh, adina pa guru anu sok maturan kuring jeung ngaroris pagawean kuring, mariksa bon bisi aya nu salah: “Kamu saja minggu depan bawa rokok, tah teundeun dina loket kasir”. Jadi wae kuring digawe bari dagang roko.
Neni beuki reueus, kuring geus bisa ngala duit, cukup sarat mun arek ngamimitian hirup anyar, kitu ukuran masyarakat didinya harita; tapi kan kuring mah boga cita-cita hayang sakola heula ka kota.
Kolotna Neni, geus ngajak bebesanan wae ka kolot kuring. Sugan teh maksudna rek dikawinkeun ka salah sahiji lanceuk kuring. Tapi da lanceuk-lanceuk kuring oge masih keneh sarakola jeung karuliah di kota. Maksudna teh supaya kuring dikawinkeun ka Neni. Bingung oge kolot kuring ngalaman kaayaan kitu teh.
Pas asup SMP kuring jeung Neni papisah, kuring sakola di Bandung, Neni di Cipanas. Papanggih teh lamun libur wae mun kuring balik ka lembur. Dina libur kanaekan kelas, kuring nyarita ka Neni, entong nungguan kuring da masih keneh lila; lamun Neni rek kawin jeung batur sok wae, kuring mah sambung du’a. Neni ngambek dikitukeun teh, nepika sendal kuring dialung-alungkeun ka peuntaseun susukan. Atuh kuring hese balik, antukna aya salah sahiji anak buah bapana ti Polsek anu kabeneran keur dititah ku bapana. Ku Neni dititah nguriling ka peuntaseun susukan mangnyokotkeun sendal kuring.
Sataun ti harita Neni dijodokeun ku kolotna dikawinkeun ka urang Jakarta. Ti dinya pleng wae tara aya bejana, kuring jongjon sakola di Bandung, nepika akhirna kuring neruskeun ngumbara ka Jakarta.
Hiji mangsa saenggeusna welasan taun kuring ninggalkeun lembur, pangangguran ulin ka lembur, nostalgia ti ditu na mah, ningalian tempat urut kuring sakola, terus urut Resto anu ayeuna ngan kari taneuh kosong da Restona rugrug ku taneuh urug, ngaleong kabawa longsor.
Pas palebah imah kolotna Neni, aya budak awewe jangkung leutik keur ngajanteng ditempat biasa Neni nungguan kuring lamun rek indit sakola. Kuring gigisik, naha ieu halusinasi… ari heg teh ieu mah Usi, cenah anakna Neni. Mani sarimbag jeung indungna.
Cag heula.
Cinunuk, Ba’da Shubuh, 3 Mei, 2024.
Rachmat Sudjana
Komentar
Tulis komentar baru