Situ Ciburuy
Harita teh akhir taun 1973, mangsana beres ujian nagara di STM aya waktu rineh pikeun jalan jalan atawa piknik, bari ngadagoan pangumuman hasil ujian ti sakola. Teuing kumaha awalna da make aya rencana hayang ningali ka Situ Ciburuy. Asana mah kulantaran ki sobat, sebut wae kang Ares, bogaeun senapan angin anu geus lila tara dipake.
Bedil angin teh geus mangtaun taun tara aya nu make, ngagantung wae dina tembok, ti saprak nu gaduhna--nyaeta almarhum Apana kang Ares-- ngantunkeun tara aya nu mirosea. Badami tiluan jeung sobat nu hiji deui, kang Fian. Kuring sosobatan tiluan ti saprak sakola di STM Cijagra, tug nepi ka kiwari, geus leuwih ti 50 taun, geus jaradi aki-aki geus baroga incu. Sanajan matuhna pajauh, ari komunikasi mah angger lumangsung tara aya gangguan. Kang Ares mah nganjrek di Amrik tos ampir 20 taun, kang Fian saenggeusna ngurilingan Nusantara angger balik deui ka Bandung minangka kota pangbalikan; nyakitu deui kuring anu keur leutik wareg ku nginum cai Cikapundung, mangsana pakokolot ditakdirkeun ku Allah balik deui ka Bandung.
Harita teh ngumpul di bumi ibuna kang Ares di jalan Kautamaan Istri, da kang Ares na mah cicing jeung Nini di jalan Kancra, sarua jeung kuring cicing jeung nini di Tegallega. Sapedah kuring, jeung motor kang Fian di titipkeun di Kautamaan Istri; terus tiluan laleumpang ka Terminal Kebon Kalapa, kana angkot ngajugjug ka Padalarang, rek neruskeun lampah ka Situ Ciburuy; maksudna rek nyobaan bedil angin tea ditempat anu sakirana aman, da bebedilan di kota mah hariwang bisi keuna ka budak batur matak goreng balukarna.
Kang Ares panggayana nyoren bedil angin, asa jadi koboy Texas siga anu dina film tea; bedana teh ari nu dina film mah tumpak kuda, ari ieu mah koboyna tumpak angkot; singket carita nepi wae ka nu dituju. Henteu nembakan manuk atawa sato liana da teu tega jeung matak dosa maehan sato tanpa alesan. Ieu mah ngincer pucuk tangkal anu aya di luhur, gantian sakali ewang.
Situ Ciburuy, ari sugan teh situ alam, da geuning teu jauh ti wilayah anu aya singkapan gunung masigit. Neangan referensi dina arkeologi tapi teu manggih. Ari breh the geuning ieu mah situ teh buatan jelema, anu ngabendung dua walungan leutik di Desa Ciburuy, anu akhirna jadi situ, nya dingaranan Situ Ciburuy.
Aya deui cenah ceuk dongeng, Situ Ciburuy teh baheulana tempat ngadu kadigjayaan para jawara, di jaman Prabu Siliwangi jeung putrana Prabu Kean Santang. Ceuk dongeng sejena cenah paranti guyangna munding bule jeung munding hideung. Duka tah da ieu mah numutkeun dongeng.
Kamari, jeung pamajikan, jalan jalan ka Situ Ciburuy, teu direncanakeun ti anggalna, ieu mah estuning ngadadak; ari inget ari jung. Pesen wae tiket Kareta Bandung Raya “online” anu jam satengah sapuluh. Isuk isuk kamari bari sarapan teh duaan, hayoh kuring ngobrol lalampahan basa nyaba ka Gurun Sahara, Afrika. Pamajikan pogot ngadengekeun bari diselang seuseurian dina aya dongeng anu pika lucueun.
Ku lantaran pogot ngadongeng teu karasa waktu terus nyerelek, sadar-sadar geus tabuh satengah sapuluh, atuh katingaleun kareta tea ieu mah enyaan. Indit dibonceng kana motor, ngajugjug ka stasiun Cimekar. Ah go show wae da anu umurna 50 taun kaluhur mah bisa meuli tiket di loket stasiun; anu liana mah kudu mesen “online”. Asa bungah oge tah sikep PT KAI anu ngahargaan pisan ka jalma purna yuswa; malah anu geus manjing 60 taun mah bisa meunang potongan harga 20%.
Naek kareta ayeuna mah sugema pisan, di unggal stasiun aya Lift, jadi teu perlu cape naek tangga. Malah aya korsi khusus lansia di sawatara kareta di Jakarta mah, kitu deui di ruang tungguna. Nuhun ka para pangawasa anu geus nyadiakeun fasilitas keur anu purna yuswa.
Nepi ka Padalarang diteruskeun kana angkot; geus lila tara ngarasakeun kumaha kana angkot teh. Dina kareta tadi “full AC” kelas ekonomi oge; ari dina angkot “full ngetem”. Perlu waktu sajam ti stasiun Padalarang ka Situ Ciburuy da nguriling heula ka Bumi Parahyangan. Inget ka sobat lawas anu mukim didieu, anu can kungsi didatangan.
Tiheula mah aya Damri ti Alun-Alun Bandung ka Ciburuy teh, ayeuna mah geus euweuh; ceuk nu dagang didinya teh, “kapungkur mah didieu pak terminal Damri teh, ayeuna mah janten Taman” cenah, anu aya tulisan gede SITU CIBURUY.
Di sakuriling situ, utamana dibagian anu sajoleun, pinuh ku nu dagang nyadiakeun tempat lesehan, ngan hiji dua anu nyadiakeun meja korsi; keur manula mah rada ripuh diuk di handap teh hese cengkat. Dalah di masjid oge pan ayeuna mah loba nu nyadiakeun korsi lantai pikeun manula anu sholat atawa ‘itikaf.
Parahu anu disadiakeun oge rea, bisi aya nu rek lalayaran, bisa mayar sewang sewangan atawa nyewa saparahu keur rombongan mah. Hawana kacida segerna, keur mah kamari the rada ceudeum poena. Aya oge mobil odong odong “full music” anu ngurilingan sabagian sisi situ.
Ka anu rek piknik kadieu, alus, komo mun mawa kandaraan sorangan mah, pastina leuwih lancar.
Sakieu heula nya, diajar kutrat kotret poe ieu; hampura ka ki dulur anu kasabit kacaritakeun dina dongeng ieu.
Cinunuk, Ba’da Shubuh, 29 April, 2024.
Rachmat Sudjana
Komentar
Beres di baca ulang
Beres di baca ulang
Tulis komentar baru