Mitoha
Salah sahiji babaturan anu sok resep heureuy, dina hiji mangsa nyarita kieu ka kuring: “Kuring mah jeung pamajikan sok silih elodan, silih elehan tara sok hayang meunang sorangan”, cenah. “Alus atuh ceuk kuring teh, hiji sikep anu kapuji, jeung bisa jadi conto”. “Lebaran kamari cenah, kuring mah nyarita ka pamajikan”. “Mitoha akang mah keun wae nyai teu kudu dipangmeulikeun baju lebaran, akang mah rek ngelehan; mitoha nyai wae anu dipangmeulikeun baju lebaran mah”.
Carita kitu teh geus aya sababaraha welas taun katukang, hiji dongeng anu dianggap lucu, hanjakal geus lila teu panggih tah jeung ki dulur teh.
Mitoha ilaharna kudu dihargaan saperti urang ngahargaan kolot sorangan; pan anak na teh jadi beubeulahan nyawa urang. Teu munasabah lamun urang bageur ka mitoha siga urang nyaah ka kolot sorangan.
Tapi teu kitu di lingkungan urang Sunda mah masih keneh aya nu nyebut sakadang mitoha, hiji sesebutan anu biasana diterapkeun ka sato, siga dina dongeng aya sakadang kuya, sakadang peucang, jeung sajabana.
Inget baheula jaman bapa kuring aya keneh, remen ngadongengkeun dipikanyaah pisan ku Aki kuring anu jadi mitoha bapa. Beda jeung mitohana paman kuring, adina bapa anu ku mitohana kurang dihargaan. “Upami abdi gaduh mertua sapertos akang, ku abdi mah disembah”, cenah. Tangtu maksudna lain saperti nyembah ka Allah, ieu mah ngan saukur ekpresi saking hormatna ka mitoha. Tapi ceuk bapa kuring harita: ”Sanajan kumaha wae sikep mitoha ka urang, urang mah kudu tetep hormat ka mitoha”. “Pan eta teh kolot pamajikan urang, beubeulahan nyawa urang, salah mun urang teu hormat ka mitoha”.
Kuring oge boga mitoha kacida bageurna, memeh wawuh ka anakna kuring mah wawuh ka mitoha heula, anu harita sok papanggih di masjid deukeut lapang. Manehna kataji ku kuring, lantaran kuring budak ngora anu sok rajin ka masjid, ditempat kuring nganjrek basa mimiti pindah ka Jakarta.
Balik ti masjid shubuh harita teh, kuring diajak nyimpang ka imahna, disuguhan goreng sampeu jeung enteh amis panas. Teu lila da pan poe eta teh masing-masing kudu digawe. “Engke poe Ahad kadieu nya cenah , pangmatahankeun barudak ngaji”. Barudakna katingal laleutik keneh, umur umuran murid SD jeung SMP, tiluan lalaki kabeh. Minggu kahiji jeung minggu kadua geus mimiti mapatahan ngaji dasar ka barudak, alif alifan tea meureun istilahna teh.
Minggu katilu nu diajar ngaji teh nambahan, aya hiji wanoja miluan, ngadenge beja ti adi-adina cenah aya nu mapatahan ngaji di imah. Singhoreng bapa Eta teh boga anak awewe anu cicing jeung nini na di Jakarta Pusat. Satuluyna unggal poe ahad dialajar ngaji dipapatahan ku kuring.
Bapa Eta teh maluruh, asal usul kuring, kolot aya dimana, boga dulur sabaraha jeung dimarana; antukna bapa Eta ngajak ka lembur kuring hayang silaturkhim jeung kolot kuring. Bapa kuring nu handap asor narima bapa Eta di imah kalawan someah, ilaharna urang Sunda narima semah.
Teu karasa ngajar barudak geus jalan 3 taun, geus lalancar ngajina tinggal wae menerkeun tajwidna; ari maca Qur’an na mah geus barisa. Anakna nu cikal oge, nu awewe ayeuna mah balik ka imahna cicing jeung bapana, adina nu lalaki ayeuna ngagantian anu maturan ninina.
Singket carita, opat taun ti harita bapa Eta geus jadi mitoha kuring; kabageurana ka kuring anu geus jadi minantu beuki nambahan. Malah uwa kuring anu tanpa daksa ti lembur diajak ka Jakarta da cenah hayang nempo kapal terbang kumaha cara ngapungna, atuh dibawa ku mitoha ka Kemayoran, da harita mah can aya Soetta, ayana Kemayoran jeung Halim, lapangan terbang di Jakarta teh.
Hiji mangsa aya dulur ti kota sejen anu nganjang ka imah kuring, pastina panggih jeung mitoha; ki dulur hayang ngabuktikeun kumaha nyaahna mitoha ka kuring. Manehna salut ku kanyaahna mitoha kuring; da nu kaalaman ku manehna mah sabalikna. Mitohana teh siga nu ngamusuhan, siga anu teu suka anakna jadi pamajikan manehna. Basa mitoha lalaki masih keneh aya cenah mah sigana euweuh masalah; saenggeusna mitoha lalaki tilar dunya, sikep mitoha awewe jadi saperti nu ijid ka manehna. Lamun manehna nganjang oge cenah mitohana teh sok nyumput; siga nu memang embung panggih jeung manehna.
Ki dulur nanya kiatna ka kuring kumaha sangkan dipikanyaah ku mitoha. Kuring oge teu boga kiatna anu khusus da biasa bae kuring mah ka dulur boh ka kolot ngajaga sikep anu normal wae. “Keun wae sing sabar nyanghareupana, meureun kungsi ngalaman kuciwa ku minantuna”. “Teuing tah mun kitu, baheula mah basa keur jaya, mere ka mitoha asa leuwih”, cenah. “Ari ayeuna mah pan usaha keur nyirorot, bisnis keur mundur”. “Tapi ka pamajikan, anu anakna pituin oge, jadi hambar sikepna teh”; “kitu deui ka incuna, jadi kabarerangan oge, leungit ka nyaahna”.
“Tah geuning geus aya kila-kila na naon anu jadi sabab”, ceuk kuring. “Ayeuna mah sok geura soson-soson deui usaha, bari dibarengan ku do’a supaya masa jaya teh kapanggih deui”, ceuk kuring. Wani soteh mapatahan ka manehna da boh dina umur jeung panca kaki, ki dulur teh sahandapeun kuring. “ Enya kang da mun usaha kuring maju deui mah hayang mawa mitoha Umroh tiluan jeun pamajikan”, cenah. “Enya sok dido’akeun sing tinekanan naon anu jadi cita-cita”.
Sanggeus kidulur mulang, kuring jadi mikir, naha ayanya mitoha anu siga kitu, ku kuring mah teu kapikir. Meureun mitoha nu kitu mah ayana sarebu hiji, ngan saurang tina sarebu jalma anu jadi mitoha. Teu resep ka minantu malah oge milu teu resep ka anakna pituin malah teu resep katut ka incu-incuna. “Masyaa Allah”.
Dina jero hate milu ngado’a sangkan kidulur bisa maju deui usahana, digampangkeun rezekina sangkan bisa tinekanan maksud hadena anu rek ngajak mitohana ka Mekah sanajan ngan ukur Umrah heula.
Cag heula.
Cinunuk, Dhuha, 4 Mei 2024
Rachmat Sudjana
Komentar
Tulis komentar baru