Skip to Content

Indung Kuring

Foto Rachmat Sudjana

 

Indung kuring. 

 

Kiwari geus 42 taun anu kaliwat ti saprak indung kuring ngantunkeun, di hiji tempat anu moal bisa dijarahan unggal waktu ku jauhna. Ngan bisa jarah ka makam indung lamun ngalaksanakeun ibadah Haji atawa Umroh. Enya pan indung kuiring mah pupus di Mekah, dikurebkeun di Al Ma’la, saluyu jeung cita-cita almarhumah anu hoyong pupus di Tanah Suci.  Kahoyong ieu tinekanan dina taun 1982.

 

Kacek sababaraha taun ti harita, sobat dalit indung kuring, anu sok babarengan ngaji oge maot di Mekah. Ceuk carogena teh: “Bibi na mah nuturkeun tuang ibu, maot basa tos beres haji henteu uih deui”.  Sigana eta dua sobat teh, ngabogaan cita-cita anu sarua, maot dina mangsa beres haji; di shalatkeun hareupeun Ka’bah, dishalatkeun ku rebuan jalma, anu ngado’akeun. “Pikabitaeun nya”, ceuk batur-batur ngajina nu lian.

 

Indung kuring, lain wae indung anu ngurus rumah tangga wungkul, tapi bari mantuan bapa nyiar kipayah ku niatna nyalira, anu maranti indung kuring teh sapopoena narimaan kaputeun ti tatangga.  Atuh selang-selang tina ngaput bari nambutkeun acuk atawa barang-barang kelontong anu dicicil mingguan. Bagean kuring anu ditugaskeun nagihan unggal poe Ahad sore; mangsana para tamu urang Jakarta anu istirahat unggal minggu di Villa na marulang. Da pelanggan dagangan indung kuring teh rereana anu pakasabana ngajaga Villa. Biasana nu ngajaga Villa teh salaki jeung pamajikan diimahan dina wewengkon Villa, kitu deui barudakna

 

Beda-beda tah reaksina para penjaga Villa teh lamun kadatangan ku kuring; aya nu langsung mayar, aya nu nyumput, ceuk budakna teh: “Teu aya Ema mah nuju ka kebon”, padahal mah aya di jero.  Aya oge anu terus terang: “Wartoskeun ka ibu nya Cep, minggu ieu mah bibi neda tawakup heula, keun insyaaAllah minggu payun”, cenah.

 

Indung kuring oge rajin pepelakan dina tanah kosong anu dibikeun hak ngagarapna ka masyarakat didinya. Tanah anu asalna kebon eurih teh, ngulikeun dipacul jeung dibalikkeun tanahna make garpuh patani, akar eurihna dikumpulkeun terus diduruk pikeun dijadikeun pupuk. Tanah anu munggaran dipacul kacida teuasna da padet, jaba akar eurihna teh ngagumpel jadi hiji. Sanggeus dipacul di pupuk make pupuk kandang, dipelakan ku rupa rupa pepelakan semusim, kayaning jagong, kacang beureum, kentang, bawang daun, bawang kucai, sampeu, kentang, hui jeung sajabana. Diunggal juru rada katengah dipelakan cau anu engkena bisa ngadapuran; sakali melak bisa sababaraha kali panen.  Disisina dipelakan sereh paselang jeung katuk anu sakalian dijadikeun pager.

 

Baheula mah da resep pepelakan teh, komo mun kadatangan dulur ti kota anu milu metik hasilna, bareng ka kebon, ngala jagong atawa nyabut sampeu, mani asa reueus hasil tatanen kuring bisa kaala ku urang kota.  Disisi kebon beulah kaler aya kamalir cai, ku bapa di pengkolkeun heula kana babalongan, anu dipelakan lauk emas jeung jaer, oge genjer jeung kangkung. Diluhurna paranggong waluh siem anu rantuy buahna, matak resep nempona. Hiji mangsa aya kidulur ti kota, barang nempo waluh siem rantuy dina paranggong, manehna bakat ku resep-resepna langsung rek metik eta waluh bari mawa tolombong teu ningali kahandap; atuh gejebur bae eta kidulur teh tikecebur ka balong; kusah koseh sendalna tinggaleun dina leutak dibalong teu kacabut. Hanjat ti balong bari rancucut, suku pinuh ku leutak, sendalna masih aya dina dasar balong, diiringkeun wae ka pancuran sina mandi jeung beberesih.

 

Kiwari lamun kuring inget ka indung, sok ngahajakeun ngajugjug kadinya. Kebon jeung balong urut kuring 60 taun katukang ayeuna mah geus jadi Sakola jeung Villa agreng. Lapang tempat kuring maen bal jeng langlayangan ayeuna geus jadi lahan parkir tempat rekreasi anu kajojo, jadi pangjugjugan balarea. Tapi lamun hayang jarah ka makam indung mah kuring kudu bari Umroh, duka iraha-iraha na mah.

InsyaaAllah kahareupna bakal aya kasempetan deui.

Cag heula..

 

Cinunuk, Ba’da Syuruk, 1 Mei 2024.

 

 

Rachmat Sudjana

 

Komentar

Tulis komentar baru

Materi isian ini bersifat rahasia dan tidak ditampilkan ke publik.


Terpopuler Hari Ini

Sebulan Terakhir

Terpopuler